cutatan
yanti agus



Cihideung - Lembang
12 Mei 2012

BEWARA


Lahir di Karawang. Sakola di IKIP Bandung, lulus taun 1990 ti Jurusan Bahasa dan Sastra Indonesia. Ngalajengkeun taun 2007 ka SPS UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia, lulus taun 2009. Pakasaban ngawulang di SMA Negeri 15 Bandung, ti taun 2003 dugi ka ayeuna. Matuh di Cihideung, Gudangkahuripan, Lembang. Resep nulis puisi dina dua basa, ku basa Sunda jeung basa Indonesia. Sajak dina basa Indonesia dikumpulkeun dina buku ”Bolehkah Merindu” (2007), ”Suara dari Langit; Suara dari Bumi” (2010). Remen dimuat dina Mangle, Galura, Sunda Midang. Carpon-carponna remen midang dina Mangle.


sareundeuk saigel

PUISI

BAKUNG

Aya hiji rasa
nu ngurumuy
tina sela-sela dahan
nu ngarandakah asri
neundeun kahemeng nu suci putih
Aya ciibun nyalangkrung
dina kongkolak bakung
nu mangkak tiis
ngaimpungan dahan ngahgar

Bakung
bakung
tong ngagapuy
geura nanjeur
geura nanjung
geura baladah ieu ambung
ku sengit manis nyambuang

DI HUJAN

Mari kita berkhidmat pada tetes hujan
Berlomba menuju bumi
Setia menjalari lekuk-lekuk nadi
Mengalir merambahi setiap pori
Rela berpaling dari tempat tinggi

Mari kita belajar pada rintik air hujan
Begitu lemah namun begitu kuat
Tegar meresap syaraf-syaraf
Selalu sadar tempat pulang
Menjangkau kembali tempat tertinggi

NOL KILOMETER

Pada nol kilometer kita berhenti
Menentukan arah ke mana langkah kan menuju
Lurus jalan terus walau tak tahu di mana perhentiannya
Belok kanan memutar, melintas batas
Menapaki jejak-jejak tak tersinggahi
Atau belok kiri hingga tergadai semua harga diri
Melucuti kehormatan berserah pada satu titah
Mencintalah padaku dengan diam-diam
Mengendap-endap, mengais-ngais sisa waktumu
Pada nol kilometer aku kembali
Duduk diam mencangkung
Menghitung-hitung peruntungan diri
Di mana menanti adalah garis batas
Harapan yang hilang – harapan yang kembali
Datang… Meski terseok tertutup jalan beraspal
Seringai itu berkilat mesum
Sambil berucap:
“Menantilah kau! Sampai ajal menjemput!”

JADIKAN AKU BILANGAN NOL

Berapapun dirimu dalam hitungan
Jadikan aku bilangan nol saja
Ada tapi tak ada dan bisa ada
Jika kau satu ditambah diriku maka kau tetap satu
Jika kau satu kukurang diriku maka kau tetap satu
Tapi jika kau satu kauganda diriku maka kau lenyap
Tapi jika kau satu kaubagi diriku maka tak berhingga
Jadilah kau di depanku hingga kuada
Sepuluh, seratus, seribu,…,sejuta
Karena aku adalah nol
Melengkaplah dirimu denganku

KUTERJEMAHKAN SEDIH

Pedih itu buih lautan yang tercipta dari sari gelombang
Berayun-ayun bersama sampan sepi
Tak ada tempat menepi
Pedih itu rumput ilalang di keremangan malam
Menari bersama angin menuju pangkalan sepi
Tak ada tempat berbagi
Pedih itu lambaian pohon nyiur pada pagi biru
Mengantarmu pergi seraya menanggalkan seragam putih abu
Tak tahu tempat menuju

BUNGA RINDU

Kelopak bunga terjaga oleh sentuhan kasihmu
Putik sari mencuat menanti hisapan mesramu
Geletar helai-helai daun
Menyibak
Terkuak menanti embun
Pesona ragamu menikam ulu hati
Hingga ke sumsum benak
Manakah ujung penantian itu?
Kala tetes hujan enggan menitik
Kala sinar mentari menyirap darah jadi nanah
Biar…Biarlah luka ngilu bercelah pedih
Memagari sebuah tanya tak berjawab
Meski hati meronta
Merinduimu tak henti-henti

KIDUNG 1

Terlewati tanpa pretensi
Orang-orang
Datang dan pergi sesukanya
Tinggal bulan mengambang pada langit duka
Sendiri tak berkawan
Bongkah demi bongkah pengharapan
Terpatri dalam sanubari
Namun satu-satu tanggal dari tempatnya
Terbawa angin
Bersinggungan dengan kelepak podang
Melintasi lautan sepi tanpa debur ombak
Esok seperti caramu menimba waktu
Takkan sempat kusapa matahari
Walau sejenak- dengan ucapan
Selamat pagi atau salam sejahtera
Untukmu

KIDUNG 2

Berkaca pada cermin retak masa lalu
Ada sebuah bayang berkelebat
Kaukah itu?
Kuhitung-hitung hari kala sore dan pagi tiba
Akankah kutemukan jua sebuah titik rahasia
Yang selama ini kau cari
Masih kuingat pesanmu sebelum berlalu
“Jangan bersedih, sebab kita tidak benar-benar berpisah”
Tak bolehkah air mata ini menitik
Sementara katamu kita tidak berpisah
Tapi jarak terentang antara kita
Tak bolehkah air mata ini menitik
Sekedar memberi tanda
Satu lagi ada yang hilang dalam hidupku
Tak bolehkah air mata ini menitik
Sebab esok
Jalan yang teramat panjang ini
Harus kutempuh sendiri

BOLEHKAH MERINDU

Senja mendendangkan lagu kerinduan
Pada malam penuh bintang
Tapi bintang tak mau berjumpa dengan bulan
Karena bulan tlah memendam kerinduan
Sejak lama pada matahari
Matahari hanya tahu kerinduannya
Pada kicau burung di pagi hari
Pada bunga bermekaran di taman
Tanpa tahu diam-diam awan pun
Memendam kerinduan yang sama
Dalam dirinya
Haruskah rindu berbalas rindu?
Bolehkah merindu tanpa keinginan dirindukan?
Bolehkah aku merindu padamu?
Dengan satu permintaan “Jangan rindukan aku!”

HELATAN PELANGI

Malam menyisakan sebuah pengharapan
Sebab esok nada-nada itu kan kembali terdengar
Walau samar…
Masih bisa kudengar kicau burung
Semesra bisikanmu
Masih bisa kuraih derai-derai embun
Yang mengilau di pelupuk matamu
Kutahan gelegak rindu yang bertalu
Memacu langkah tuk segera bertemu
Derap dentam itu meninggi
Menggasak sisi pagi
Berhelat dengan kusut masai lengkung pelangi
Dari sinar teduh matamu

JADIKAN AKU HORISONMU

Saat sauh kau lepas
Berlayarlah jangan ragu
Akulah titik terjauh dalam pandangmu
Agar kau selalu yakin tepian itu tetap ada
Berayunlah bersama alun dan gelombang
Temukan apa yang selama ini kaucari
Bila saatnya tiba
Kembalilah ke dermagamu yang biasa
Biarlah aku tertinggal di belakangmu
Sebagai horison tempat harapanmu tertambat

KIRIMI AKU PUISI

Kirimi aku puisi lewat tegur sapa
Lewat tatap mata peduli penuh empati
Lewat denting-denting nada tawa yang berderai
Memecah sunyi
Kirimi aku puisi lewat senyum menyejuk hati
Lewat belai kasih manja mesramu
Lewat bisik halus dongengan peri
Mematri hati
Kirimi aku puisi
Agar kuyakin aku bukan penghenti sungai imaji
Agar kutahu masih ada riak kata
Yang mengombak di kedalaman jiwamu
Menghapus semua ragu



CARPON

BEURIT

Guprak! Belewer tas dialungkeun bari kocéak dengék. Birigidig-birigidig, taktakna ngabirigidid bari leungeunna tutunjuk kana tas nu ngalumbruk dina lante. Ngadenge nu jejeritan lanjangna nelenjeng nyampeurkeun bari sanduk-sanduk nalek aya naon. Tangtu ngarasa reuwas, kakara bieu uluk salam terus katingali asup ka kamar. Dadak sakala jejeritan bari can puguh nu jadi lantaran.

“Bi, itu Bi! Dina tas aya si atah adol, enggal candak ka luar tasna, pangmiceunkeun!”

Reuwas ningali dunungan pakupis, paroman ngemu kasieun, Bi Warsih rampang-reumpeung, can pati jelas kudu dikumahakeun eta tas teh. Naha make kudu dipiceun sagala? Naha tasna atawa eusi tas nu teuing naon jeung naha make nyebut atah adol sagala kana tas nu sakitu alusna. Leuh, lebar temen tas nu teu tuah teu dosa kudu dipiceun sagala. Bi Warsih rikat mulung tas hideung nu ngalumbruk, seletingna muka, eusi tas sawareh balatak dina lante, murudul, racleng basa tas neumbag sisi ranjang basa dialungkeun sataker tanaga. Can oge ramo Bi Warsih tepi kana tali tas nu ngagapuy. Gorowok deui dununganana ngabejaan sangkan ati-ati.

“Kade Bi…iyyy…kade leupas…”

Bi Warsih ngarengkog. Leuwih panasaran naon nu kade leupas sagala. Barang tas disuwaykeun. Katingali aya beurit leutik sagede bal tenis ngarengkol dina tas, matana herang, awakna ngadegdeg nenjo aya leungeun nu ngaragamang ngadeukeutan. Bi Warsih oge bakating ku reuwas mah milu ngagoak. Tapi sanajan sieun jeung geuleuh kapaksa tas teh dicokot terus  dibawa ka buruan. Beurit leutik teh dikoer ku gagang sapu, sina kaluar tina tas dununganana. Beurit murengked, gorehel nolol  tina tas, nirilik kana handapeun pot kembang suplir. Kokosehan neangan tempat panyumputan.

“Na…asa kacida teuing ieu mangkeluk teh make aya dina tas sagala..” Bi warsih kukulutus. Tas dikepruk-kepruk, bisi aya nu nyamuni deui.
“Atos Neng…Tos teu aya beuritna oge.” Bi Warsih ngasongkeun deui tas ka Suci.

“Hiiih…ka ditu!…ka ditukeun…” Suci ngabirigidig deui bari pakupis.

Bi Warsih tambah helok ningali kalakuan Suci. Kasebutna ka dunungan naon anu diparentahkeun tangtu kudu diturut. Kaluar ti kamar bari teu lemek deui, tas hideung dibawa bari dikeprik-keprik. Tas kameumeut Suci. Sanajan tas teh loba ngajajar dina lomari estuning teu sirikna unggal warna aya. Nu pulas hejo mah kantenan sababaraha rampasan. Minangka warna kasukana. Memang geus ilahar mun wanoja make papakean teh kudu sarwa nyurup, tina tas, sapatu, jeung warna baju. Paribasa ambeh ‘matching’. Malah mun hayang leuwih sampurna bros, anting, kangkalung oge lelepen,  jam tangan katut hape oge warnana kudu sarua. Dipasieup deui warna kosmetik nu diterapkeun dina kongkolak panon atawa lipen setip oge kudu warna nu sarua. Kakuduan nu ngalantarankeun riweuh sabab jadi loba pisan biayaaneun.

Tapi dibanding-banding jeung nu sejen Suci mah teu pati ningkah. Pan rencang damelna mah diselop oge ngajurungkunung, hak tinggi bari congona lancip. Matak inggis nu ningali, paur  tijalikeh. Rok span pondok, luhureun tuur. Kaluhur cukup dikameja potongan leungeun pondok nu lahak dada katut cowak palebah kerahna. Sabangsaning nu kuduna nyumput buni teh jadi nonggerak. Matak serab, matak resep nu ningali, utamana keur lalaki anu careraman. Teu kaop ningal nu mencrang.

Suci mah siger tengah, rumaja mangkak dewasa. Najan kasebutna geus mapan boga gawe, bisa hirup mandiri, jauh ti indung-bapa nu ayeuna aya di lembur. Pangala boga sorangan teu ieuh dipake royal kana make. Basajan wae. Tapi lain teu merhatikeun kana barang pake. Da sarua ceuk pikirna awewe mah ngajaga penampilan teh kapan modal nu teu weleh kudu diutamakeun. Harga diri teh apan lain ukur ditangtukeun ku batur nu ngajenan, tapi kudu muncul ti diri sorangan. Pan dina barang pake oge, make baju model nu kumaha bae, bisa nunjukkeun ajen diri nu makena.

Suci ngareureuhkeun kareuwas di kamar. Ngadaplok dina kasur. Hatena teu weleh hemeng. Mikiran naon nu jadi  lantaran aya beurit dina jero tasna. Memeh indit ngantor tas teh pan diriksakeun heula eusina. Nu aya dina jero tas dikaluarkeun, bari dientepkeun deui naon wae pangabutuh manehna bisi aya nu tinggaleun. Dompet aya tilu, nu hiji wadah receh, nu hiji tempat nunda hape, nu hiji deui dompet husus keur neundeun duit nu rada badag, maklum di kantor dipercaya jadi bendahara, juru bayar gaji pagawe. Diinget-inget deui, salila di kantor eta tas ditunda dina luhur meja. Pamohalan aya beurit sagala, da kaayaan kantor beresih. Teu loba pagilinggisik jeung karyawan sejen da rohangan gawena misah ti nu lian. Ruang husus bendahara. Paling-paling loba nu datang teh lamun waktuna babayar. Eta oge ngantri dina loket, kahalangan ku kaca satengah tangtung nu dikolowongkeun tengahna, melengkung sapas leungeun.

Beurit. Beurit nanahaon ujug-ujug aya dina tasna? Moal kitu beurit kajajaden? Boa lain beurit samanea. Gebeg, Suci ngarenjag. Inget deui ka Pa Misja. Satpam kolot nu tilu poe katukang datang rek  nginjeum duit kas kantor. Lain duit saeutik. Suci lain teu karunya ka Pa Misja. Tapi da ditingali tina struk gajihna geus euweuh deui potongeun lamun dibere deui nginjeum. Hutangna geus salaput hulu. Ningali warugana mah pikarunyaeun. Jaba geus kolot, jaba rea biayaaneun. Anak ti pamajikan nu kolot tilu sakolakeuneun, budak keur meumeujeuhna bilatung dulang. Anak ti pamajikan nu ngora hiji ge ririwit. Gering jeung gering wae kadengena teh sakitu umurna kakara tilu taun. Tapi da boga pancen nyekel duit kantor mah teu siga nyekel duit yayasan atawa panti jompo, nu kudu loba barang bere atawa sodakoh. Kudu puguh itung-itunganna. Lamun teu kitu pasti Suci nu katempuhan buntut maung. Tekor, kudu ngagantian pikeun nyumponan gajih pagawe.

Suci geus lapor ka dunungan oge ka bagian personalia. Sabenerna nu matak Pa Misja masih tetep dipake jadi satpam di kantor teh tinimbanganna pedah karunya. Da cacak teu karunya mah geus lila di-PHK. Tanaga geus euweuh pupurianeunna. Ari tetep dikukut kalahka riweuh ngangsonan sagala pangabutuhna. Suci lain jelema anu sulit ati. Tapi mikiran hirup Pa Misja sok jadi gemes jeung geregeten. Tuda teu gemes kumaha. Pa Misja mah ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed. Sakitu geus aki-aki tujuh mulud masih keneh hayang nyandung ka budak parawan jekekan. Kembang buruan nu keur meumeujeuhna murag bulu bitis. Atuh sanajan dikersakeun boga anak oge kalahka teu kaurus, budak manyin indung ginding, antukna budak jadi ririwit. Kawantu bibit kalapa  kolot nyangsang dina taneuh penghar, najan jadi oge kalahka kena ku paribasa hirup teu neut, paeh teu hos.

Lenyap, Suci ngalenyap. Tunduh kagareuwahkeun ku ingetan kana pok-pokkan Pa Misja memeh indit ninggalkeun rohanganna. Satengah ngutruk, satengah ngancam ka dirina, halon tapi eces kadenge “Beurat birit, buntut kasiran, dasar buntut beurit!”, panon Pa Misja ngaburileng. Gusti! Boa ucap-ucapan Pa Misja teh lain ucap tanpa harti. Tapi supata pikeun nyumpahan kuring. Suci ngadegdeg. Ngarasa taram-taram manggih pakuat-pakaitna antara Pa Misja jeung beurit nu aya dina tasna. Tapi naon maksudna? Pa Misja ambek teu dibere nginjeum duit jeung beurit nu aya dina tas? Weleh teu manggih jawaban.

Lila-lila Suci ngarasa cape. Baluweng pikir teu bisa ngartikeun naon nu karandapan ku dirina. Reup peureum. Ngalelerkeun hate, ngalilipur dirina sangkan ulah kabaud ku pipikiran nu teu kahontal ku akal. Sabab kulak canggeum bagja awak pamikirna aya dina katangtuan Gusti Alloh. Suci dihenteu-henteu oge incu ajengan di lemburna. Henteu kosong ku elmu panemu jampe pamake sangkan hirup tingtrim ati, tinemu jeung bagja diri. Hirup nyorangan lain pedah can aya nu mileuleuheungkeun. Lain pedah euweuh nu naksir. Tapi hate can merean kudu mikir-mikir rarabi. Asa senang hirup sorangan. Kukumpul banda ladang kesang sorangan, jaba  dipake nyenangkeun awak, ditabungkeun dina rekening geus diniatan keur munggah haji, oge bisa ngiriman ka indung di lembur.

Pa Misja! Bener Pa Misja! Moal nyalahan deui, kitu gerentes hate Suci. Kacindekan hasil benangna ngalenyepan. Tapi pas eta kacindekan ditepikeun ka Wanti, batur sakantorna. Wanti teu panuju. “Ulah suudon ka batur! Ulah sagawayah, bisi kaasup pitenah. Taya hubungan antara beurit jeung Pa Misja. Abong kena ijid ka beurit ti keur budak, ayeuna keuheul ka Pa Misja, hayoh dipatalikeun jeung beurit. Eta mah beurit keur lapar, ngagalaksak ka mana karep. Coba inget-inget, harita dina tas pasti aya kadaharan atawa aya naon bae nu pikauruyeun sakadang beurit pikeun sukan-sukan dina jero tas.”, ceunah.  Wah, loba deui omongan Wanti nu murudul teu kawadahan. Tapi omongan Wanti dipikir-pikir ku Suci aya benerna. Bisa jadi eta beurit kasasar kana jero tasna pedah lapar neangan hakaneun.

“Awww…Aaaww!“ Suci ngoceak bari panon buncelik, leungeunna bieu antel kanu geunyal, buluan dina jero tasna. Moal salah, aya si atah adol deui nyumput dina tasna anu hejo. Juru bayar nu rek nampanan duit ti Suci milu ngarenjag, reuwas ngadenge Suci ngagowak. Pangacian Suci racleng. Sabagian batinna ngulawit ka alam katukang, Suci ceurik jejeritan di juru kelas. Herti batur sakelasna nu siga jalu, ngasong-ngasong beurit nyingnying dina leungeunna. “Moal naon-naon, da bageur...Moal ngegel, yeuh geura…” Herti teu malire kasieun Suci. Pangrasana pirakadar beurit nyingnying, teu matak gila, lucu nu aya.

Tilu poe ti kajadian manggihan beurit dina tas nu kadua kalina, Suci gilig, rek mere nginjeum duit ka Pa Misja. Kajeun duitna pribadi, lain duit kantor. Di henteu-henteu oge tetep bae kapikiran. Eta beurit lain beurit samanea. Beurit titahan Pa Misja, pikeun neror dirina. Duit tabungan haji mah pan moal bisa dicokot deui da geus dianggap harta fisabilillah, harta nu geus ulah dilieukkan deui da geus diniatan keur bajoang di jalan Alloh. Teu wani ngaganggu da ceunah sok aya matakna. Geuning geus loba kacaritakeun nu wani-wani nyokot teuteundeunan keur ongkos munggah haji mah sok aya wae tungtungna nu matak pikasieuneun. Lamun duit nyelang dibeulikeun heula mobil, mobilna tabrakan. Lamun duit dibeulikeun heula imah, imahna kaduruk. Kitu oge ceuk beja. Can kungsi ngabuktikeun sorangan da palias teuing.

Suci rido ngalesotkeun suweng jeung kangkalungna ka toko emas, asal bisa nyumponan pamenta Pa Misja. Nginjeumkeun duit ka Pa Misja sabenerna sarua jeung marabkeun hayam ka buhaya, ulah ngarep-ngarep bakal mulang deui. Da ku enyana atuh. Ka saha-saha, paribasa nginjeum, tapi cadu mayar. Leuheung basa lamun aya omongna, “Punten neda sarantos, teu acan tiasa nawur.” Pan ieu mah damang wae, jiga nu teu gaduh sambetan. Malah lamun aya nu wani nagih oge kalahka leuwih galak ti anu nagihna. Ceunah ari teu niat tutulung mah ulah sok wani-wani nginjeumkeun. Ari kudu mayar ayeuna keneh mah, sok wae peuncit yeuh Bapa, sugan payu dijual dagingna. Laaah, daging aki-aki, lanyed kitu mah bororaah  payu dijual. Barina oge daging jelema mah keur nanahaon.

Isuk-isuk keneh Suci geus saged. Duit geus diasupkeun kana amplop. Memeh miang eusi tas geus dientepkeun sakumaha biasa. Tas bulao tina bahan kulit nyurup jeung papakean geus dicangklekkeun kana puhu leungeun nu katuhu. Teu kacatur di jalanna. Suci geus nepi ka buruan kantor. Pa Misja ngajega di lawang rohang satpam, paroman teu pati berag. Suci teu loba mikir deui, langsung ngasongkeun amplop ka Pa Misja.

“Pa, artos abdi pribadi ieu mah, sanes artos kantor.”, Suci teu pati sumanget ngajelaskeun.

“Mangga. Nuhun. Nuhun pisan, Insyaallah, saenggalna digentosan”, Pa Misja haripeut nampanan amplop ti Suci.

Suci teu pati hayang loba cacarita. Da pastina oge, jangji Pa Misja nu sarua jiga kitu geus diucapkeun ka unggal jalma bari teu ngabukti. Suci lain eleh jajaten, pedah mere nginjeum duit kitu wae ka Pa Misja bari kudu ngajual barang nu dipikaresepna. Suci ngan hayang ngabuktikeun, yen pamikirna bener, Pa Misja neror dirina ku mahluk pikageuleuheun. Sugan wae ari geus dibere nginjeum duit mah hate Pa Misja leah. Suci leuwih milih korban harta daripada kudu susah hirup diteror ku beurit. Salian ti eta, Suci oge hayang poho ka Herti anu Bengal. Sabab lamun inget ka manehna sok terus inget ka beurit nyingnying. Rujit pisan, pikageuleuheun.

Teu leleda Suci neruskeun hanca gawe kamari. Komputer geus saheng siga seeng nyengsreng. Mendekul entri data duit kaluar jeung duit asup, ngitung debet-kredit, tutup bulan bahan laporan. Ngebul sirah Suci. Waktu istirahat geus kaliwat. Babaturan sapagawean ti tadi geus jul-jol ngajak ka kantin teu dipalire. Ukur kebat nyebut “Mangga we tipayun”, bari teu ngalieuk-lieuk acan. Poho kana lapar, beuki pogot kana pagawean. Panon manco kana layar monitor. Saeutik deui oge rengse. Tinggal ngecek jumlah ahir, diklopkeun jeung itungan samemehna. Cangkeul leungeun teu digugu, hayang buru-buru beres. Kawantu lapar kaliwat, kesang renung dina tarang. Tiisna beda, tiis camewek. Matak seueul kana angen. Ragamang leungeunna ngarampa tas bulao, niat rek nyokot tisu. Teu hese ngodok da geus nempat lebah-lebahna. Uyup-ayap bari panon tetep manco kana komputer. Leungeun Suci anu bodas ngadak-ngadak jadi pias tur ngeleter basa ngagilisir kanu keur cinutnut dina tasna. Suci ngoceak, panonna buncelik.

KALANGKANG HEULANG

Peujit karasa murilit,ngusial menta dieusian. Peurih. Awak dipurungkutkeun, ngarengkol jiga kuuk. Siku leungeun nunjel beuteung sangkan tong kukurubukan. Kahayang mah beuteung teh sing ngarti. Cik atuh ari peuting-peuting kieu mah ulah sok nungtut naon-naon. Da wayah kiwari mah lain waktuna barang hakan. Lamun aya hakaneun mah moal ieuh dikoretkeun dihakan ku kadut sorangan. Lain teu hayang barang hakan aing teh. Lain. Ari euweuh, rek ngahakan naon?
Poe ieu ninggang disue. Kukurilingan di Alun-alun, halteu, pasar, euweuh jelema nu haat mikanyaah. Naha geus euweuh deui kitu jelema anu berehan? Anu daek tutulung ka jelema pantar aing? Padahal aing teh kurang kumaha pikawatireun. Padahal aing teh geus teu kuat nahan lapar. Duh, basa di halteu mah aya kuijid nenjo jelema. Aing ngasongkeun leungeun bari pupuntenan manan mere kalahka muncereng jeung ngagebes, “Halik, batur keur hareudang!”.
Dasar jelema cap jahe. Keked mengkene! Ari nenjo dedegan mah nyantri da make kopeah. Tapi naha nya teu nyaho adab? Beda jeung awewe geulis nu diuk di sisi jandela beus. Jigana keur ngalamun da panonna mencrong kanu jauh tapi teu puguh nu ditenjo. Beungeutna alum.kaciri ngalamun, basa srog ka gigireunana, manehna ngaranjug. Terus ngomong, “Punten”, biwirna embut saeutik tapi someah. Ngeunah karasana kana hate najan bari teu mere, padahal peujit karasa ngusial.
Mun dipikir-pikir, lain poe ieu wae aing sue. Geus ampir dua minggu tara beubeunangan. Kamari-kamari mah pedah sok meunang kadaharan. Lumayan urut-urut oge, tamba cangkeul gado. Tadi beurang , kuweh bulukan ge euweuh. Biasana si Enci Elling sok nunda roti bulukan hareupeun toko deukeut tempat runtah.Tapi tadi mah geus kapiheulaan ku anjing. Roti bulukan geus awur-awuran urut pangacakan anjing.
Kardus nu molongo direkepkeun. Angin henteu nyiwitan teuing. Ret ka gigireun. Duyeh, kerek nyegrek. Heesna ngarengkol. Leungeunna nu katuhu nutupan borok nu keur meumeujeuhna jiih dina palebah mumuncangan. Deukeut sukuna aya lamak meunang nyambung-nyambungkeun, panjang meueusan. Paranti ngabakutet borokna ari beurang. Teuing da si Duyeh mah mani nyaah pisan kana borokna, nu hese pisan cageurna. Lain borok jijieunan saperti nu dilakukeun ku lolobana andar-andar.
“Yeh…Duyeh”, awakna ku kuring digeubig-geubig. Manehna ngulisik, terus malik. Nonggongan.
“Yeh…, hudang euy! Hayang henteu?”
Gorenjal Duyeh hudang. Diuk bari nyusutan biwir ku puhu leungeun.
“Hayang!, Boga naon euy?” Duyeh kumetap
“Dahar”, kuring gewat nonggong api-api nyumputkeun dahareun.
“Hayang atuh…Meunang ti mana?”, Duyeh nguniang, leungeunna ngarongkong, nyokot bungkusan. Barang dibuka, belewer bungkusan dialungkeun. Gombrang! Nenggar kaleng susu wadah receh paranti manehna baramaen. Barakatakak kuring seuri nikmat naker geus bisa ngalejokeun Duyeh ku mungkus batu make kertas sangu menang mulung tina pangruntahan.
Jelebet, teu antaparah Duyeh nonjok kana tonggong kuring. Teu karasa nanaon, pilakadar peureup leutik bari can kararaban sangu. Hengker taya tanagaan. Duyeh ngagoledag deui. Ramo leungeunna nu katuhu dirungkupkeun kana borokna. Kuring nyokot cempor nu ngalinceus katebak angin, meletet beakeun minyak. Cempor diangkat luhureun sirah Duyeh, hayang nyidikkeun geus sare atawa acan. Kahayang mah Duyeh ulah waka sare, ambeh kuring aya batur nyileuk.
Awak Duyeh ngageter, napas ngahegak, dadana naek turun. Kadenge gingsreuk, cipanonna ngalembereh mapay pipi anu kanyos, curuk leungeun kencana digegel.
“Kunaon Yeh? Naa…kitu-kitu wae..”, cekeng bari nunda cempor kana tempatna.
Duyeh nginghak bangun kanyenyerian. Kuring keuheul tapi sakaligus ngarasa hanjakal.
“Yeh, eunggeus, ulah ceurik. Hampura we, pirakadar heureuy atuh”, cek kuring ngupahan.
Duyeh henteu ngajawab. Cipanon disusut ku tungtung bajuna nu kuleuheu. Teuing sabaraha alam eta baju teu manggih cai, sarua jeung baju kuring. Bubuhan baju dines jeung baju sare teh ngahiji, ngan ieu nu rapet dina awak, ngan hiji-hijina.
“Uing oge nyaho Aseng heureuy. Uing lain ceurik ku Aseng. Tapi inget ka jelema nu tadi beurang”, cek Duyeh sisimekkeun.
“Na kunaon kitu?”, cek kuring rada atoh ngarasa leupas tina rasa salah.
Memeh ngajawab Duyeh diuk. Leungeun katuhuna gugutrut, ngagaroan sisi-sisi borok nu humapur.
“Eta aya pamuda, kasep meureun ti dituna mah. Buukna dikakawiran, make anting sabeulah, ceuli kenca. Leungeunna make geulang hideung jiga oray, meulit ampir nutupan pigeulang, ca…”, Duyeh calangap teu kebat neruskeun omonganana da kaburu ditempas ku kuring.
“Heueuh, ari kitu kunaon?”, ceuk kuring teu sabar.
“Eta weh nu matak kesel teh barang nenjo uing, manehna ngodok saku calanana. Ngaluarkeun duit lima rebuan, terus diasongkeun ka uing bari ngomong, “Yeuh mere, tapi kudu dipulangan”. Ku uing teu ditampanan, da uing mah boro-boro boga duit keur mulangan”
“Terus kumaha? Bodo silaing mah, lain cokot we terus bejakeun ke dagoan heula kituh arek ditukeuran heula ka kenek atawa ka tukang dagang”, cek kuring manghanjakalkeun.
“Ahh, boro-boro hayang nyokot uing mah. Nenjo beungeutna oge geuleuh nu aya. Duit nu diasong-asong teh, diabuskeun deui kana saku kaosna. Ngahaja ditoglengkeun”, Duyeh nyarita dareuda.
“Heueuh, eunggeus tong diinget-inget. Kanyeri-nyeri hate”, cek kuring poho kana kalakuan sorangan. Da matak teu bisa sare oge pan jaba ti ngararasakeun lapar teh inget wae kana talajak jalma anu dipentaan tadi beurang.
“Eta geura Seng, nu leuwih handeueul mah, aya budak awewe umurna kira-kira lima taun, ngarenghik ka indungna, “Mamah, itu pasihan, kalunya..”, terus nanya ka uing, “Lapalnya? Hoyong mamam?”, bari sirahna dengdek. Indungna ngaluarkeun dompet, ngusey neangan receh. Da katempo duitna galede. Terus ka uing mere saratus perak. Uing mani atoh, terus nyebut nuhun. Uing neangan deui nu sejen, susuganan jadi nambah. Ngan edas kacida sialna Seng. Basa uing nyukang di susukan, tali borok uing ngait kana patok awi. Uing tikudawet. Duit nu saratus tea mecleng kana susukan. Mangkaning eta susukan teh mani hideung da pacampur jeung cai koco. Uing ancrub neangan duit. Geus lila, lila pisan, duit teh angger teu kapanggih”, Duyeh ngarenghap nahan kahanjelu. Terus ngomong deui mani ngalimba, jiga nu hayang meakkeun rasa seueul nu ngaganjel dina hulu angen, “Lamun duit uing tea aya mah urang teh moal lapar teuing jiga kieu nya Seng. Da uing oge tadi teh ngadenge beuteung Aseng kukurubukan. Uing ge sarua lapar, can kaasupan naon-naon ti isuk”.
Kuring ngaheruk, ngarasa hanjakal, karunya, jeung kagagas. Duyeh nu umurna kira-kira kakara 8 taun geus nyaho naon hartina tutulung. Kuring mah nu geus rada gede, geus boga umur, salila babarengan jeung Duyeh can ieuh ngarasa hayang mere. Da pamikir teh, boro-boro keur mere batur apan keur sorangan oge sakieu kuru cileuh kentel peujit.
Heueuh nya, lamun nempo kana awak jeung umur mah kuring teh lain budak deui. Umur kuring mun bener itungan mah kira-kira 13 taunan. Matak pantes rada hese ayeuna mah menta dipikarunya ku batur. Komo pan waruga kuring mah walagri. Geus waktuna kudu mikir. Sabab moal salilana hirup ngandelkeun dipikarunya. Hirup kuring salila ieu salawasna namprakkeun leungeun bari lungas-lengis.
Alus temen lamun ayeuna aing boga duit keur meuli payung. Keun wae payung urut oge. Loba nu ngajual payung urut di tungtung pasar Cipancar. Lamun usum hujan pan bisa jadi ojeg payung. Bisa ngajual jasa ku nyewakeun payung ka jalma anu kakara turun tina mobil atawa nu arek tumpak mobil. Heueuh alus! Si Sudin oge hasilna mucekil ladang nyewakeun payung teh, geus bisa meuli samping urut paranti simbut. Tapi pan payung teh kudu dibeuli. Ari meuli pan kudu make duit. Duit ti mana? Beuteung karasa ngurubuk deui, nyeuitna leuwih panjang. Seueul kacida.
Ari rek kuli jangjang-jungjung di pasar, jelema teh tangtu moal percaya, da hengker. Awak kulanyin, kuru teh mani kana sirah-sirah. Kudu kumaha atuh nya? Ras inget kana kajadian opat taun katukang. Inget ka Bi Rasmi nu haat mikanyaah. Ngan hanjakal anakna reuay. Jadi lamun sakalieun aya dahareun th parebut. Kuring teu betah, komo basa anakna nu cikal nyangka kuring maling jidar. Duh nyeri hate, kuring ge nyaho ari jidar teh paranti ngagarisan. Ari kuring keur ngagarisan naon, pan sakola ge henteu.
Ah, isuk mah rek nyobaan ngalamar ka pangumbahan mobil. Bisa meureun ari ngan saukur meresihan mobil anu dedeblog. Ngan eta meureun kudu kuat katiisan da pan sapopoena guyang di cai. Keun wae ketang, rek dicobaan we.
Geus manggih bongbolongan mah, dug sirah dikedengkeun gigireun Duyeh nu geus lila nyegrek. Awakna katirisan, kaciri murungkut. Ku kuring dikekepan. Karasa ayeuna mah Duyeh teh dulur kuring. Dulur ngusahakeun hirup. Lamun ema jeung abah aya keneh mah meureun kuring teh moal ngalaman nasib nu jiga kieu. Meureun kuring oge boga adi nu sapantar jeung Duyeh, tapi henteu borokan jiga Duyeh. Breh, samar-samar kagambar roroesan leungeun ema basa kalentab caah Cimanggung. Teu lila Abah oge milu roroesan, teu hasil nyalametkeun ema. Kuring nelenjeng ka sisi cai, ngan kaburu aya nu newak. Dicekelan palebah cangkeng, pageuh pisan. Kuring teterejelan, bari ngahiung ceurik. Hayang milu ka ema jeung abah.
Panon karasa panas. Aya cai nu ngagarendang dina kongkolak panon. Beuteung ngurubuk deui leuwih panjang jeung leuwih lila. Seueulna parat kana jajantung. Ah mending sare. Sugan isuk ditarima gawe di pangumbahan. Sugan menang duit keur meuli payung. Sugan bisa meuli dahareun keur kuring duaan. Kuring duaan? Heueuh, kuring jeung Duyeh dulur kuring.
Jangjang peuting karasa panjang jeung mongkleng. Lain peuting peteng nu sarua jiga sasari. Tapi poek anu rata alatan mega meudeum nu ngagayot ku pihujaneun. Biasana tina sela-sela kardus, lamun pareng hese sare, sok katenjo cahya bulan. Caang marengan cempor nu ngalinceus katebak angin. Kasaksen ti mimiti bulan ukur sakotret, jiga halis nu melengkung, jiga lambey anu imut. Ti peuting ka peuting katangen nambahan pepel jadi bulan sapasi. Lila-lila jadi buled disebut bulan purnama. Nepi ka ahirna bulan ngiles taya tapak-tapakna acan. Kuring nu cunggelik maturan peuting. Tepi ka apal hawar-hawar naon wae mobil nu liwat luhureun jambatan, minangka hateup imah nu weweg geusan ngiuhan. Kuring apal sora tihang listrik nu ditakol ngabelentrang saban aya nu liwat jumarigjeg di jambatan paragi meuntas.
Tapi naha peuting ieu karasa beda? Pedah lapar kitu? Naha pan lain kakara kudu ngarasakeun lapar saperti kieu. Lamun ditengetan, hirup kuring ti saprak asruk-asrukan neangan parab, nyiruruk di mana wae nu kira-kira matak pikabetaheun. Eusi peujit teh teu sirikna ngandelkeun ka nu haat mikarunya. Naon wae nu bakal ngadatangkeun piduiteun dilakonan. Mapay tina baramaen, ngamen make kecrek nu dijieun tina tutup botol limun, mulungan cangkang roko, gelas atawa botol urut inumeun, balik deui jadi baramaen. Nu can dicobaan teh maling! Tapi najan kumaha oge kuring moal wasa kudu ceceremed, nyokot barang nu lain hak. Sanajan kuring lapar, sanajan kudu jogol jeung pati, cadu kudu madog komo ngarampog. Inget keneh kana papagah ema jeung abah, hirup teh teu gampang ujang, tapi lamun hayang gampang hirup hidep kudu jadi jelema pinter tur soleh. Harita mah teu pati ngarti kana naon nu diucapkeun ku abah lamun ngawurukan ngaji. Atawa dongeng ema lamun mepende samemeh sare. Loba pisan dongeng nu matak tibra sare.
Pris! Cai ngeclak kana pipi. Lain cipanon kuring. Tapi cihujan nu mimiti cluk-clak rembes tina mega anu beuneur. Beuki lila hujan beuki badag. Iris kana rangka kardus. Kuring mangku Duyeh, mindahkeun enggon sarena rada ka beulah juru. Ngarah tong kairisan. Tadi oge saacan hujan katingali katirisan Duyeh teh komo ayeuna hujan sakitu ngagebret. Kuring ngadedengekeun sora hujan anu karasa matak ketir. Lila-lila sora hujan kapireng jiga kawih nu ngageri midangdam nu lawas ilang. Kuring meureudeuy, asa-asa katingal ema gugupay, bari teu eureun ngagero, “baeu, kasep, anaking…”. Aya kalangkang nu ngajanteng gigireun, disidik-sidik jiga abah. Leungeun abah ngaragamang mangku kuring. Jiga kuring bieu mangku Duyeh. Haneut ditangkeup ku abah bari diparende, “Deudeuh Jalu, hayu isuk mah urang milu jeung abah nyusul ema”.
Isukna kuring dihudangkeun ku Duyeh, digeubig-geubig. Jiga peuting tadi kuring ngageubig-geubig Duyeh. Tapi kuring teu ngulisik, tapi kuring teu ngarasa dihudangkeun ku Duyeh. Teu ngarasa digeubig-geubig ku Duyeh. Teu ngarasa lapar. Teu ngarasa naon-naon.

HALIMUN

“Ceu hapunten Abdi. Tangtos Ceuceu uninga naon maksadna abdi ngadamel ieu serat. Masalah nu dipayunan ku abdi ayeuna tos teu tiasa dikadalikeun deui. Mugi Ceuceu tiasa neuleuman manah abdi. Salami ieu abdi tos nyobi ngajagi sagalana, supados teu aya masalah sapertos ayeuna. Kedah kumaha atuh abdi Ceu? Ka Ceuceu abdi nyaah, ka pun bojo oge sami abdi nyaah. …”
Surat nu katampa masih keneh panjang, tapi kuring teu wasa macana. Tangtu manehna bakal nyaritakeun kapeurih jeung kahanjakal. Tangtu bakal hese poho ka kuring nu mikanyaah ka manehna. Bener kuring nyaah ka manehna. Teu bisa disisilihkeun. Parasaan nyaah hiji lanceuk kanu jadi adi, sok sanajan ka deungeun-deungeun. Umur kuring jeung manehna bedana tujuh taun. Kanyaah nu estu wening, teu kacampuran ku rasa sejen nu matak jadi pacogregan rumah tangga. Boh rumah tangga kuring, kitu deui rumah tangga manehna. Rasa nyaah nu didadasaran silih ajenan, silih tulungan dina kaayaan hate ihlas.
Tapi geuning, abong manusa mah sok hese ngajugjugan hate, hese neuleuman rasa. Kanyaah teh baranahan jadi kaheman. Kaheman parucukan jadi kaasih. Kuring jeung manehna teu sirikna kena ku paribasa, jiga gula jeung peueut, di mana wae aya kuring, di dinya aya manehna. Kulawarga kuring geus nganggap dulur pituin. Dalah salaki kuring oge, percaya sagemblengna ka manehna. Lamun sakalieun aya jugjugeun, salaki teu bisa nganteur, sok kalah ka nitah neang manehna. Atawa langsung nelepon, sanduk-sanduk menta hampura seja mihapekeun kuring ka manehna. Tangtu nu dipihapean, atoh kacida. Hal nu saperti kitu teh kaalaman basa manehna can rarabi.
Surat nu tadi ngagoler dina ranjang, ditilepan. Bus, diselapkeun dina tengah AlQuran hanca ngaji tadi samemeh maca surat. Cipanon ngalembereh, inget ka adi nu geus teu aya dikieuna. Adi lalaki nu dipikanyaah, Bageur tur soleh. Tara loba kahayang, taya codeka ka dulur awewe. Adi nu bisa dijadikeun batur pakumaha. Pangawakan jangkung, beresih tur berseka. Sampulur, matak resep nu ningali. Kuring nu jadi lanceukna sok reueus, lamun aya babaturan awewena nu nitip salam. ”Ceu, salam kanggo A Nazar..” Da teu ngabibisani, cacak lain ka adi jigana kuring oge bakal kabongbroy. Resep ku eraan jeung kalemna, tara rea omong. Hanjakal dikersakeun pondok umur. Katarajang kasakit Hepatitis C, nu mangsa harita kakara mimiti narekab jeung can kapaluruh naon piubareunana. Pangaresepna kana meng bal. Estu bentang lapangan. Dina tiap ngadu meng bal, pasti Nazar nyetak gol. Cipanon, murubut maseuhan pipi. Teu kaampeuh kuring nyegruk bari nalungkup kana bantal. Adi kuring anu kasep, Nazar, moal bisa aya gantina.
Ngarahuh jiwa kuring nyorang tanjakan. Najan lungse, najan mopo, mumunggang kudu kasorang. Halimun nu ngalimpud, estu matak poekeun pikir. Bari ningnang, bari ringrang, lengkah tetep dilakonan. Halimun nu ngarungkup teu beda ti panang gaib, nu nyangkalak dina jalan pasampangan, karimbun nu nyumputkeun rasa teuneung turta rasa ludeung. Hhhhmmm.... humandeuar hate nu pangleutikna, babagian diri nu pangjerona. Halimun...halimun....
Gebeg kuring kagebah ku sora nu atra dina ceuli. Sora adi kuring nu geus miheulaan nganjang ka alam pawenangan. ”Ceu, ulah sedih, lebar citangis, mending geura abdas. Enggal geura solat!” Kuring cengkat laju turun tina ranjang. Ngojengkang ka kamar mandi, niat rek nyokot wudhu. Gesut solat Isa. Diteruskeun ku solat hajat, menta ditenangkeun hate, menta dibukakeun lawang keur jalan kaluar tina rurudet hate.
Ret deui kana AlQuran, keretas nu nyelip di tengahna dikaluarkeun. Surat panjang ti Alif. Surat nu can anggeus dibaca. Sanajan can tamat, kuring geus bisa neguh naon eusina. Surat nu ngebrehkeun kapeurih ati Alif, saprak pamajikanna nyaho Alif deukeut jeung kuring. Alif teu nyangka pamajikanna galak timburu. Alif teu bisa kumaha, sabab rumasa kanyaahna ka kuring katungtungnakeun memang geus hese ngabedakeun antara kanyaah nu jadi adi ka lanceuk jeung kanyaah hiji lalaki ka awewe. Alif wakca leungiteun kuring. Alif kapaksa milih teu bisa amprok deui jeung kuring pikeun nyalametkeun rumah tanggana, oge nyalametkeun hatena nu rajet basa pamajikannana ngagogoreng kuring. Pamajikan Alif katangka ngancam rek unggah bale watangan nungtut kuring salaku awewe nu ngaganggu katingtriman rumah tanggana tur ngahucuhkeun kana laku maksiat. Kitu pamikir pamajikanna nu hese pisan dilelemu.
Amprok jeung Alif lain kakara. Alif teh sobat dalit Nazar keur jaman sakola SMA. Henteu matak heran sabenerna lamun Alif idek liher di imah kuring. Harita kuring masih kuliah, masih lalagasan keneh. Nu matak helok, Alif jeung Nazar tanggal lahirna sarua, tanggal 12 Januari. Sok diulangtaunkeun teh ku tiluan we. Kuring nu geus kuliah di luar kota, sok ngahajakeun balik heula ka lembur. Tiluan ngahaja lalajo di bioskop, balikna jajan mi ayam atawa martabak telor. Huhujanan bari lulumpatan ngudag angkot nu geus jarang kapeutingnakeun. Nazar jeung Alif pinter ngagitar. Kuring bagean nu ngahaleuangna. Tatangga geus apal deui, tiluan geus jiga dulur pet ku hinis. Teu ieuh ngarasa era lamun hiji waktu kuring aya perlu, Nazar teu bisa nganteur, nya Alif nu nganteur.
Alif sakumaha Nazar, apal kana kabiasaan kuring, kana karesep kuring, oge kana sagala kaunggulan jeung kakurangan kuring, Alif oge apal kana kasakit kuring. Ti leuleutik, kuring ririwit. Babari gering. Teu kaop cape saeutik, sok langsung nombro. Ceunah ilaharna nu diasuh ku nini sok katerap leumpeuh yuni, teu kaop kagetrik, sok ngulahek kapiuhan. Babakuna mun manggih kareuwas sok dadak sakala ngalenggerek. Komo lamun ningali getih, sok langsung ngaleketey. Kasakit nu ku kolot baheula sok disebut telu baraja.
Duh, naha bet kieu? Kuring ngarahuh deui. Ambekan karasa ngahegak, dada renghap ranjug. Lungse saawak-awak. Kesang tiis ngoprot, ngagarajag tina tonggong. Kakara oge rek kaluar ti kelas. Dina lawang panto, kaburu poek titingalan. Leng...kuring kapiuhan. Teu inget di bumi alam. Eling-eling basa karasa aya nu ngusapan peupeuteuyan. Seungit kolonyo nyegak kana irung. Kuring ngeureunceum. Bray katingal aya nu diuk gigireun. Ceu Ati, tapis ngarampa taar, diceuceuhan ku kolonyo. Geuning kuring aya di ruang UKS. Aya nu nangtung na tunjangeun. Horeng Alif?!
Leler deui. Pangacian kumpul deui. Ceu Ati kaluar ti ruangan rek neang Bah Ihin panjaga sakola, sina mangnyieunkeun citeh amis. Alif diuk gigireun.
”Naha Alif aya di dieu?”
”Muhun, tadi ditelepon ku Akang, piwarang ka sakola, Ceuceu udur saurna. Akang nuju nampi tamu di kantor teu tiasa dikantunkeun. Numawi miwarang abdi.”
”Pan cenah Alif moal tiasa tepang deui sareng Ceuceu?”
”Kitu pisan niat mah. Tapi da nguping Ceuceu teu damang, piraku ngantep.”
”Ooh, kapaksa atuh nya?”
”Ah, henteu. Kasempetan malah kanggo abdi mah.”, biwir Alif ngarenyu kaciri imut maur.
”Nuhun. Katampi perhatosanna. Engke deui mun dipiwarang ku Akang, wios nolak we. Daripada Alif kasiksa. Komo mun tuang rayi uninga, pisakumahaeun teuing benduna.”
”Moal Ceu, moal nolak. Pun bojo oge, moal bendu”
”Naha?”
”Atos dijelaskeun ka pun bojo, Ceuceu teh estuning sagala-galana kanggo abdi. Lanceuk awewe anu bageur. Anu mikanyaah ka abdi. Malih pun biang oge ngiring ngabantos ngajelaskeun. Saha Ceuceu, saha abdi sateuacan ngadahup ka anjeunna. Memang abdi lepat, teu nyarios kaanjeunna, perkawis Ceuceu. Teu nepangkeun anjeunna ka Ceuceu. Kumargi tebih tea.”
”Muhun. Iraha atuh bade diajak nganjang ka Ceuceu?”
”Ke sakedap deui pami anjeunna tos jagjag.”
”Naha kunaon?” kuring reuwas kacida nampa beja sarupa kitu.
”Oh..he he..nuju mabok...nuju ngandeg dua sasih langkung...”
Kuring kacida bagjana. Cipanon, merebey deui. Bungah ku itu-ku ieu. Bungah lain bobohongan. Alif geus bisa ngungkulan dodoja rumah tanggana. Geus bisa ngabebaskeun kuring tina sak wasangka pamajikanna. Ngaran kuring geus kabaud nimbulkeun riributan dina waktu nu kuduna oleng panganten. Ayeuna Alif rek jadi bapa. Aya nu bakal neruskeun tapak lacakna dina kahirupan. Anak Alif tangtu kasebutna anak kuring oge. Nu bakal nyebut Uwa ka kuring.
Sakapeung sok rada hemeng mun ngararasakeun kasakit dina diri. Boa-boa kuring gabug teh kulantaran teu payaan. Taun-taun hirup rumah tangga jeung si Akang can dipercaya boga anak. Lain teu usaha. Tatamba ka ditu ka dieu. Geus ku jalan medis atawa ku cara batin. Tapi weleh can kaparengan. Ubar kampung mah komo deui. Dalah kumaha, kahayang ngan ngancik jadi kahayang. Anyaran kawin mah sok rajeun pisan jadi bahan riributan jeung salaki. Tapi kadieunakeun mah geus bisa narimakeun diri. Da numutkeun pamariksaan mah boh kuring, boh akang sarua pada-pada sehat. Mana kitu oge can waktuna boga anak.
Kulutrak panto aya nu muka bareng jeung sora uluk salam. Pasti Alif. Da kitu kabiasaanna. Mun tamu sejen mah uluk salam teh di luareun panto, nungguan nu boga imah mukakeun panto. Geus henteu natamu, bubuhan tamu matuh geus teu kagok blas-blus ka jero imah. Kuring nunda majalah nu keur dibaca. Kaca panungtung. Alif jeung pamajikanna nangtung hareupeun. Leungeunna nyolongkrong ngajak sasalaman. Kuring narima leungeun hiji awewe geulis, imut anteb semu era,”Nepangkeun Ceu, abdi Risma.” Kuring ngagabrug, nangkeup Risma.
”Deudeuh Geulis, adi Ceuceu...”, kuring hujan cimata dadak sakala.
”Hapunten, abdi Ceu..”
”Henteu, henteu lepat. Hapunten, Ceuceu harita nuju opname, janten teu tiasa ngahadiran hidep nikah. Tuda tebih deuih nya tempatna. Akangna oge teu tiasa angkat, da kemit di rumah sakit.” kuring nyarita rada panjang.
Geus kitu mah obrolan manjang kana sagala rupa. Bari pakpikpek nyayagikeun susuguh. Kuring geus biasa nyayagikeun sagala rupa ku sorangan. Teu boga lanjang nu maturan di imah. Pagawean di imah katangkes ku sorangan. Da teu boga anak tea, teu boga kaulaaneun. Pilakadar ngurus salaki, bari teu cawadan. Sagala rupa nu diasongkeun tara aya nu ditolak. Babari mupujukeunna. Imah kosong lamun ti beurang. Kuring indit ngajar ka sakola, salaki ngantor. Pabeubeurang kuring geus aya di imah deui. Nungguan salaki balik bisa nyeuseuh, gegeroh ngumbah wadah, ngaleot, oge masak. Teu ieuh matak cape da pagawean sapopoe tur migawena nyalse.
Risma ayeuna mah sok rajeun datang. Poe Saptu atawa Ahad. Kalan-kalan datang poe Saptu terus meuting, mulang deui poe Ahad, lamun kaparengan Alif tugas ka luar kota. Kuring atoh, ngarasa aya batur. Asa kabita ningali Risma nu bureuyeung. Bisa nuduhkeun yen dirina awewe sampurna nu bisa jadi lahan tatanen anu subur pikeun tangkal kahirupan. Kuring tetep gede harepan, hiji waktu bisa ngalaman beukah beuteung jiga Risma. Moal, moal leutik pangharepan. Risma bisa mihapekeun diri. Tara ieuh ogo menta dikaulaan. Malah lamun kuring keur aya di dapur, Risma sok pipilueun mantuan sabisa-bisa. Ngan ku kuring dicarek. Mangpaurkeun bisi tiseureuleu atawa kuma onam.
Ayeuna bulan alaeun. Risma geus jarang datang ka imah. Paur di jalanna. Kuring ganti anu nganjang. Mimiti kukumpul keur ngabageakeun si jabang bayi. Popok, gurita, simbut, jeung sabangsaning kaperluan orok. Kuring resep milu sasadiaan. Mun waktuna dipariksa ka bidan, Alif teu bisa nganteur, nya kuring anu nganteur. Risma ka kuring geus teu asa-asa. Teu sirikna nganggap ka lanceuk sorangan. Kuring nya kitu deui, gulangkep, ngaku adi ka Alif jeung ka Risma teh.
Basa Risma adu regeng nandonkeun nyawa keur ngaborojolkeun si jabang bayi. Kuring nu ngemitan. Ketir ningalina. Sok komo kuring mah can ngalaman ngajuru. Rampang-reumpeung, teu puguh cabak. Risma muntang tipepereket kana pigeulang kuring. Ku kuring digedekeun hatena, ditungtun maca istigfar. Kuring babacaan sabisa-bisa. Ditompokeun kana ceulina, bari diusapan sirahna. Can waktuna, kakara pembukaan dua, masih ngantos dawuh ceuk Bu Bidan mere tangara. Kuring ngusapan tonggong Risma nu humaregung. Bari teu weleh, ngembeng cimata. Gusti, geuning kieu nu jadi indung belapati ka buah ati. Kuring nu teu nyaho dirupa indung ti leuleutik. Indung nu perlaya basa bajoang ngababarkeun adi kuring, Nazar. Kuring jeung Nazar nu digedekeun ku nini jeung aki. Karasa pisan kanyaah indung nu jadi tutungkusan kalbu. Indung teh minangka batara landung kandungan, batari laer aisan. Kajeun nebus kahirupan nu jadi anak ku nyawa dirina.
Basa si utun inji bijil. Orok ngagoar ceurik. Diburu ku juru rawat, dibungkus ku kaen terus diberesihan. Risma ngalehleh. Taya tanaga pikeun ngaheujeunkeun hiji deui nu aya dijero beuteungna. Kembar! Aya keneh jabang bayi dina beuteung Risma nu nerejel hayang kaluar. Risma mehmehan kapiuhan. Ku kuring ditepok-tepok pipina. Sina eling. Bari terus didorong sumangetna keur ngaheujeun. Brol, si utun inji hiji deui, teu sirikna ti dederegeng. Teu cukup sakitu masih aya keneh nu kudu diheujeunkeun, nyaeta babantal si utun inji nu sok disebut bali. Pangcalikan nu mungkus cai tempat ngojay utun inji, nu ngantengkeun tali puseur kana udel. Sakali deui Risma ngaheujeun. Beda jeung nu dua tadi, nu ieu mah kaluarna dibarengan nyebrot getih. Risma ngoceak, guyang getih. Alif nu ti tadi tunggon di luar rohangan nelenjeng asup ka jero. Ningali Risma nu ngadedempes, teu usik-usik. Alif hareugeueun. Kuring ngudupruk di sisi ranjang.
Mana horeng barang ningali Risma ngerelep, kuring kapiuhan. Sadar-sadar basa ngadenge sora adan panungtungan ngalanglaung di jero rohangan, ditema ku sora iqomah ku kacida halimpuna. Sora Alif, bapana budak kembar.
”Rismaaa...kumaha Risma?”, kuring sasambat.
”Alhamdulillah, salamet Ceu...”, Alif ngupahan kuring
Leungeunna ranggem kenca katuhu ngais orok beureum. Nembongkeun budi marahmay ka kuring nu gura-giru cengkat, haripeut ngabageakeun orok.
”Bulan, Bentang, geura salim ka Uwa”, Alif ngaharewos halon ka si jabang bayi.
Kuring imut leleb. Halimun di mumunggang gunung geus peuray. Aya cilak-cilak bentang tingkaretip sagedengeun bulan nu ngempray. Ciibun nu tiis rembes tina sela-sela hate, miripis mapay-mapay gumulungna rasa bagja dina dada kuring.

LEBARAN TAUN IEU

Beda ti sasari, ayeuna mah nyanghareupan lebaran teh kacida wegahna. Kahayang mah ulah manggih Syawal, geus Puasa teh ngajleng we kana Hapit. Bonganna!
Baheula keur leutik, teu sirikna ajrag-ajragan mun dibejaan ku ustad di pangajian yen rek nyanghareupan puasa. Patarik-tarik sora, tingcorowok ngapalkeun niniatan. Niat mandi beberesih, niat puasa dina waktu janari, niat solat taraweh, niat buka puasa dina waktu magrib, niat godin oge aya. Niat godin teh lamun puasana teu parat nepi ka magrib, puasa ngan satengah poe nepi ka lohor. Tapi can pernah nanyakeun ka ustad kumaha jampe niatna lamun niat teu puasa.
Sok sanajan puasa kakara dua poe, kuring panghagetna nandaan angka dina almenak. Hayang tereh-tereh nincak kana lebaran. Agul nembong-nembong baju anyar sababaraha rampasan, ngabobok cengcelengan awi dina palupuh amben atawa dina palang dapur. Ongkoh deui lamun puasa cacap sabulan teh sok meunang persenan ti Apa, buruh lapar, buruh hanaang. Di antara lima awewe sadulur, kuring minangka bungsuna. Atuh panglilalana nampa persenan, sabab lanceuk-lanceuk kuring mah, kabehdieunakeun sok tara bisa tamat puasa, malum awewe, sok aya hahalangna. Bulan puasa, bulan barokah teh lain ukur babasaan. Si bungsu dipupujukeun. Itu-ieu keur si bungsu.
Taun ieu, nya taun ieu, dina umur nu ka duapuluh tilu, kuring teu pati sumanget nyanghareupan lebaran. Lain geus euweuh deui nu mere persenan, da Apa tos lami ngantunkeun, ongkoh pan ti saprak umur duawelas taun kuring geus teu bisa cacap puasa sabulan campleng. Lain pedah henteu boga baju anyar, da geus lain budak nu kudu paginding-ginding.
“Yi, kade tutung…ulah bari ngalamun atuh popolah teh!”
“Aeh, Ceuceu..” Kuring nyolongkrong munjungan ka Ceu Tika, lanceuk kuring nu katilu.
“Mana barudak, Ceu?” Nu ditanya ngan ukur nunjuk ka pangkeng ibu.
“Keun atuh, ulah dipikiran teuing, kabancen geura”
“Henteu ieu oge Ceu, mung kumaha nya mayunanana?”
“Nya puguh Euceu oge sok bingung ari kudu adu hareupan jeung Ceu Tari teh. Apal meureun kana pangadatanana nu rada alus. Sok hayang meunang sorangan, sok asa bener sorangan”.
“Dupi pamendak Ceuceu kumaha?” kuring menta bongbolongan.
“Perkara eta teh ku Euceu geus disawalakeun jeung Ceu Ema, Gatri, oge Lastri. Ari ceuk Euceu pribadi mah sagala kaputusan aya di Ayi. Sabab ayeuna mah lain jamanna deui ngajodo-jodokeun teh. Geus teu usum. Ngan nu jadi beurat teh, eta kahayang datangna ti Ceu Tari. Kahayang nu moal bisa dipungpang deui. Sok komo ‘itu’-na geus dijangjian pidatangeunna ka dieu poean Lebaran. Geus tangtu Ayi kudu narima. Aya eta oge ngumaha ka Ceu Tari. Ari pokna teh “Naha? Pan ieu teh demi kabagjaan adi urang nu bungsu? Keun wae ari soal kuliah can beres mah, da eta mah bisa dipaju najan geus kawin oge. Kumaha ke lamun geus teu bisa katungkulan ku ibu? Pan beuki dieu teh, ibu beuki ripuh, loba geuringna batan cageurna. Mun seug teu bisa katungkulan, saha nu hanjakal?” Lah, rea. Rea pisan omonganana mah, seug bari nyeuneu deuih. Opatan bagilir mere pamadegan ka Ceu Tari. Tapi teu pisan-pisan Ceu Tari katingal bakal robah pamadegan. Saperti biasa gurat batu geus kawengku.
Kuring ngaheruk ngabandungan Ceu Tika. Leungeun mah teu eureun pakpikpek ngahanca pagawean. Kuweh nyawisan lebaran geus ngajajar dina stoples. Geus jadi kabiasaan kuring, migawe ku sorangan barang jieun rupa-rupa kuweh tina resep koran atawa majalah. Ngan kuring nu aya, maturan ibu. Nu sejen mah geus bumen-bumen sorangan. Geus ilaharna, poean lebaran sadudulur kumpul di dieu, di bumi ibu. Minangka kasepuhan nu jumeneng keneh. Bibi atawa paman, rayi ti Apa, oge rayi ti ibu sok ngadeuheus.
“Ari saur Ibu kumaha Yi?”
“Sami sareng Ceuceu. Kantos eta oge Ibu nyaur Ceu Tari, rada digalendut. Mung da teu riuk-riuk bade ngabedokeun pamaksadanana. Malah ka ibu wantun ngadalak, saurna teh, Ibu kedah bagja gaduh putra sapertos anjeunna anu bumela ka wargi, anu ageung perhatosan sapertos anjeunna. Lamun teu nyaah mah moal bade pipilueun ngurus sareng ngabeayaan abdi sakola. Pan lamun abdi janten ngahiji sareng itu, pasti beaya kuliah teh ngalih janten tanggungan itu”, kuring mengkek piceurikeun.
Bulan kamari kuring mimiti nyaho rek dijodokeun ka babaturan sapagewean Kang Dadan, salaki Ceu Tari.
“Pokona, Ayi ulah hariwang. Tanggung beres wae lah. Insinyur, kasep! Tah ieu gambarna”, Ceu Tari ngasongkeun potret lalaki tegep. Potret ukur direret.
Kuring melengek. Asa keuheul ka diri sorangan, naha biwir teu daek engab. Pan mun di kelas mah, kuring teh mahasiswi nu pangcapetangna. Pertentang lamun boga pamadegan. Pangpogotna lamun kudu pacental-cental, silih tempas jeung babaturan dina waktuna diskusi. Ayeuna kuring ngabetem. Kuring teu bisa guam di hareupeun Ceu tari, lanceuk kuring nu cikal. Nu mawa komara ka kulawarga. Nu ngabiayaan hirup kuring salila sakola, ayeuna nu ngabeayaan kuliah kuring.
“Kumaha Yi? Daek henteu ka dinya? Rek neangan nu kumaha deui? Pan neangan sorangan mah can karuhan bisa. Geuning tepi ka ayeuna oge Euceu mah can pernah nempo Ayi babarengan jeung lalaki anu pantes jadi pisalakieun!”
Meg! Gustiii…Asa ditonjok hulu angen. Heneg. Najan nyaho Ceu Tari mah ari ngomong sok sangeunahna, tapi omongan nu ieu mah karasa pisan garihalna. Matak pejah kasabaran. Teu, teu rido kuring dianggap teu bisa neangan pisalakieun sorangan. Teu rido! Ka mana kamerdekaan kuring dina nangtukeun jalan hirup sorangan. Ka mana kamerdekaan pikeun milih jalan sorangeun? Lain. Lain kuring embung kawin. Lain teu bisa neangan sorangan. Anu hayang ka kuring ngantay, teu kurang-kurang. Malah lamun dijajarkeun,nu kumaha rupana oge aya. Kari daek milih. Malah lamun ditataan pangkat, harkat, darajat, oge loba nu leuwih ti dinya. Tapi pan kuring can mikir ka dinya. Asa resep keneh lengoh batan kudu papacangan. Teu kabayang kudu riweuh ngurus batur. Pan kuliah oge sakitu nyedot tanaga. Kuring geus paheut jeung diri sorangan moal waka mikir-mikir boga kabogoh, komo deui boga salaki lamun can hasil nyangking gelar sarjana. Ayeuna pan keur ngahangkeutkeun. Keur nalungtik hiji hal keur bahan jadi sekripsi.
“Cekap Ceu, pasihan waktos abdi kanggo ngemutan”, ceuk kuring bari ngalimba. Hate mah hayang ngajerit, hayang ceurik gogowakan. Lamun kongan mah hayang bari lolongseran, kokosehan dina ubin atawa bari gogolenteran ngamuk jiga budak.
“Nya, tong lila teuing. Da lebaran ge jinisna rek datang nanyaan. Ngarah teu hese deui ngumpulkeun duduluran. Keun wae henteu tepi ka pruk kawin. Asal panyangcangna we heulanan. Pan alus lamun Lebaran Haji bisa ngaresmikeun”, pokna teu kireum-kireum.
“Ceu…”, lenggerek kuring kapiuhan. Inget-inget soteh basa karasa aya nu nyeuceuhan cai haneut kana tarang.
“Yayi…, Yi. Sing emut geulis”
“Bu, upami aya Apa mah Ayi teh moal kieu”
“Emh, teu kenging nyarios kitu bageur. Hawatos ka Apa”, Ibu murubut cisoca.
“Bu, hapunten Ayi”, kuring nyegruk dina pangkonan ibu.
Saprak nyaho kana nasib diri nu sarupa kitu, kuring nguyung. Kuring Yayi, nu ku dulur sok disebut ‘Ayi’ teu nyangka sacongo buuk, bakal ngalaman nasib jiga Siti Nurbaya, jiga Mariamin. Lamun kieu kaayaanana, mana atuh buktina perjoangan Raden Ajeng Kartini teh? Mana atuh buktina perjoangan Raden Dewi Sartika teh? Mana? Naha di jaman nu sakieu majuna masih aya keneh jelema nu resep mamaksa kawin?
Ayeuna, di bulan Puasa ieu, kuring teu pati kalap jiga bulan kamari. Kuring geus rada teteg. Sabab kuring boga kayakinan, jodo, pati, bagja, cilaka ngan Alloh nu miboga, ngan Mantenna nu bisa nangtukeun. Najan Ceu Tari ngojok-ngojok, mamaksa nitah kawin ka jelema nu ngaran Darda tea, ari teu aya idin Mantenna moal ngajodo. Nya kitu deui kuring, najan keukeuh peuteukeuh embung direremokeun, ari jodona ka dinya mah, moal bisa nolak deui.
Mung Alloh anu jadi pamuntangan, nu ngawasa beurang peuting, nu kawasa ngusik malik hate manusa. Kuring sok rajeun hudang tengah peuting, leuwih sering ti samemeh meunang karerepet. Neneda ka Nu Maha Suci, ngarah ditenangkeun hate, dicaangkeun pipikiran. Sok digerendengkeun ari ngadunga teh, ngahaja sangkan nyerep kana hate.
Gusti, dina hal ieu abdi nyanggakeun sadaya-daya. Mung Gusti nu kawasa ngusik malikkeun manusa. Mung Gusti nu tiasa ngarobih paraosan tiap jalmi. Gusti, upami leres-leres eta jalmi teh jodo abdi nu sae dunya aherat, mangga geura buka manah abdi pikeun nampi anjeunna. Geura kempelkeun abdi duaan dina kasaean kalawan jalan anu sae. Upami anjeunna awon kanggo abdi dunya hereat, mangga Gusti geura candak sagala paraosan resep anjeunna ka diri abdi. Mugi Gusti, henteu masihan kasempetan ka abdi duaan kanggo ngajodo dina tali rarabi.”
Piduapoeeun deui ka lebaran, kuring ratug. Nganti-nganti datangna Ceu Tari ti Surabaya. Kuring geus pasrah ka Pangeran, moal pasrah ka Ceu Tari. Sabab pikeun kuring laki rabi teh teu cukup ku rupa jeung harta wungkul. Kuring butuh anu bisa ngarti kana pasipatan kuring, anu bisa narima kakurangan jeung kapunjulan kuring kalayan wajar. Kuring apal kana pangadatan sorangan, tapi salaki kuring kudu leuwih apal kana pangadatan kuring. Nya kitu deui sabalikna kuring kuanjeun.
Ari dina telepon mah poe ieu Ceu Tari pidatangeunna ka Bandung. Lanceuk-lanceuk kuring nu opatan geus karumpul. Imah karasa haneuteun. Jauh ti sasari nu biasana rehe combrek da nu aya ngan kuring kadua ibu. Kitu oge kuring mindengna lila di kampus, sok komo lamun aya jadwal peraktek di laboratorieum.
Wanci sariak layung, nu didago-dago can tembong wae. Ongkoh wegah amprok, tapi panasaran hayang nepikeun pamadegan kuring ka Ceu Tari. Kuring kudu nangtukeun sikep. Najan kudu kawin ayeuna-ayeuna moal serah bongkokan rek pasrah kitu wae. Kuring bakal mere tanjakan lamun keukeuh kudu kawin ka eta jalma. Geus dirarancang naon wae kahayang kuring nu kudu dicumponan lamun kuring kudu daek kawin ka eta jalma.
Jerewet alo kuring, anak Ceu Ema nyoara ti lawang panto bari ajrag-ajragan, “Enin…Uwa sumping, Mamah…Uwa sumping!”. Enya wae, Ceu Tari nu datang teh, kaluar tina mobil jeung salakina dituturkeun ku tilu anakna. Jigana cape di perjalanan, katempona jiga nu lungse tur pias. Lengkahna ngalenghoy, disangkeh ku salakina, dituyun ku anakna anu cikal. Biasana mah kacida gagahna. Rengkak paripolah nu bisa nuduhkeun yen dirina jalma anu kuat patekadan. Geus deukeut, karak katangen Ceu Tari rambisak, langsung nyuuh kana pangkonan ibu.
“Ibuuu…hapunten Neney”, pokna bari neueulkeun gadona kana tuur ibu. Ti leuleutik Ceu Tari sok nyebut dirina Neney, ngaran nenehna, da basa diajar nyarita teu bisaeun nyebut ‘neneng’. Rada lila nyuuhna teh, jung cengkat. “Mana Yayi?” Kuring rada ngarengkog. “Dieu bageur…hampura Ceu Neney”, bari ngagukguk ceurik teu repeh-repeh. Kuring ngaleketey tadina mah geus taki-taki, nginget-nginget deui piomongeun nu baris dikedalkeun hareupeun Ceu Tari. Ulah katangka jiga bueuk meunang mabuk, saperti nu eunggeus-eunggeus.
Barudak olohok ningali uwana kitu peta. Digiringkeun ku Ceu Tika jeung Ceu Gatri ka patengahan, diolo sina lalajo telepisi, terus ditungguan ku Bi Onah. Aya oge nu dibebenjokeun ku cocooan. Di ruang tamu ngariung sadulur-dulur ditambahan ku salakina masing-masing. Ari barudak geus disilibkeun mah nembe ibu sasauran.
“Aya naon, Ney? Asa rareuwas kieu Ibu mah..”
Ceu tari ngan ukur sisimekeun. Anu nembalan lain Ceu tari, tapi Kang Dadan, salakina. Lalaki kadua nu bisa nundukkeun hate Ceu Tari salian ti Apa.
“Ibu perkawis calon kanggo Yayi tea”, derekdek Kang Dadan nyaritakeun saha saenyana pisalakieun kuring teh. Darda, batur sapagaweanana tea. Boga tangtungan hade, rupa hade, jelema jegud, turunan gegeden. Pokona nurub cupu lamun dugi ka ngadahup ka kuring ceunah. Ngan hanjakal anyar-anyar ieu kakara kanyahoan yen manehna teh katerap kasakit nu rada minculak, resep ka jalma nu sarua jinisna jeung manehna, papada lalaki!
Teu karasa kuring ngabirigidig bari istigpar. Emh, meureun matak daek direremokeun ka kuring teh keur nutupan kaayaanana nu teu parok jeung batur. Boa lamun jadi ngadahup, kuring mah ngan ukur jadi papaes imah. Keur nyumponan status wungkul. Saterusna manehna bisa nyamuni dina kapantesan salaku salaki bari tetep milaku lampah teu uni jeung papadana. Naudubillah!
Peuting ieu, dina maleman takbiran, kuring nyegruk dina pangsujudan. “Nuhun Gusti, abdi parantos dijait tina kanircaan”. Tapi kuring reuwas, basa kuring kageubah ku sora anu ngoncrang “Gusti, geura caketkeun anu sae kanggo abdi”. Kuring ngabelenyeh, era ku gerentes hate nu kakara datang ayeuna, kahayang nu kakara nembongan saumur kuring ngamprokkan 22 kali Lebaran. Ngolebat hiji jajaka nu imut bari neuteup ku panon anu liuh. Hiji jajaka anu geten mantuan atawa maturan lamun kuring peraktek di laboratorieum. Can pati wawuh ka jinisna. Tapi ningali ku kalem jeung someahna geus bisa kajudi kuring bakal kagembang. Hhhmm…
Nu pasti, isukan, panon poe hiji Syawal bakal dipapag ku hate anu wening, hate nu pinuh ku kabagjaan.

SONO KA EMA

Geus tara ngadéngé sora turaés atawa sora tonggorét nganteur surupna panon poé. Wanci sariak layung taya bédana jeung wanci carangcang tihang, mulan-malén kandaraan ngagerung sapaparat jalan. Estuning wanci geus teu bisa dibédakeun ku tanda-tanda alam. Nyaan, kaayaan hirup di kota jauh mela-melu jeung kaayaan hirup di lembur. Idek liher di lembur anu sakitu réhé comrék, tiis ceuli hérang mata. Cai cur-cor ngagenyas ngocor ti girang ka hilirkeun. Cihcir nihtir, bebence rabeng luhureun tangkal, dibarung ku sada caricangkas nu silih sambat jeung baturna. Kalong gégér sing gayabag, napuk dina tangkal loa. Sora-sora nu ayeuna kasilib ku sora duk-dok tatangkalan nu dituar, sora mesin setum nu ngadudud mémérés jalan nu legok balas katinggang cihujan. Cileuncang teu daék orot, nyurung-nyurung runtah nu ngahunyud dina susukan. Teu kalis saat, mangsa hujan ngecrek cai hanjat tina talun, nguyumbang di palataran. Lain ukur bécék deui, seseringna jadi banjir, jadi caah. Mawa sasalad nu kacida lobana keur balaréa.
Satadina ujang téh atoh ema diajak nyaba ka kota, hayang ginding bari loba luang. Ulah kurung batok siga nu lian. Tapi geuning jauh ti ema hirup lain nambahan senang. Tanaga dipeleter bari hasilna teu pira. Hasil-hasilna mah éta ogé, ngan édas sakumaha waé lobana tara ieuh ngarasa kaleuleuwihi bisa méré mawéh atawa bisa heureut neundeun. Estuning ujang gawé geus béak déngkak, ngusahakeun hirup sangkan senang. Tapi geuning jauh pisan tina panyangka. Méméhna ngarasa kataji pédah ujang biasa diajak nganjang ka unggal lembur bari didegdeg dihiap-hiap. Lila-lila ujang jadi tongtonan. Mindeng pada nyurakan. Ongkoh maranehna resep ningali ujang, ngan orokaya mun ujang nyampeurkeun kalahka sok paburiak. Malah nu sing jarerit oge aya. Budak leutik mah sok hing teh ceurik, ngawiwiw dina aisan indungna terus nyusup ménta disusuan. Ari nempo nu kitu ujang sok terus inget ka ema. Hayang nyusu deui ka ema. Najan enya susu lanyéd, tapi dina dada ema ujang ngarasa tingtrim.
Apan ujang teh hayang nyobaan diajar usaha basa harita indit teu bébéja. Ujang hayang diajar ngumbara. Satadina ujang lunta sakaparan-paran, nuturkeun indung suku teh hayang bisa nulung ka indung. Ema teu sirikna notog-notog manéh mélaan sangkan anak kaparaban. Sok teu téga ningal ema ngadua-duakeun huap. Anak reuay parabaneun, géntél kéak bari euweuh batur pakumaha. Tuda ema nyaah ka ujang siga ka orok karak borosot, ditatap, diusap, teu sirikna dicokcrokkan unggal waktu ku kadeudeuh. Aya genah aya ragab ari ema geus nanangkeup ujang téh. Ema mah siga embung boga anak gancang gedé, gancang macakal hirup sorangan.
Saprak diajak ulin rada jauh ti imah, ujang beuki panasaran, hayang ngalaman hirup nempo rupa-rupa kamonésan. Pangrasa ujang, ema bakal atoh lamun ningali ujang loba kamajuan. Ujang ayeuna geus robah ema. Meureun ieu nu disebut hirup sabenerna. Kudu usaha sangkan nyawa betah nyangsang dina badan. Teu nyangka sacongo buuk bakal hirup aya dina jero kurungan. Teu bébas siga sasari ujang téh ema. Di lembur sok sagala nyampak da ema bakating ku getén kanu jadi anak. Sagala kari top. Ema sok neuteup ceuleumeut lamun ujang sasarap, siga anu reueus ningali anak ponyo barang dahar. Eumh, ayeuna mah ujang ukur bisa nungguan sapaméréna ti dunungan.
Mun ema ningali ujang ayeuna, pasti ema bakal kalinglap ku anak sorangan. Ujang geus pinter ema, da diajar unggal rénghap. Getol solat tara jauh ti sajadah sok sanajan aya di jalan, bisa naék motor, dina waktuna kudu maén titér oge bisa, nari topéng, ngagitar, ah naon waé ogé geuning bisa ema ari leukeun diajar mah. Hirup ujang tara jauh ti kendang ema, da éta mah hiji tanda yén hirup téh kudu bisa mawa diri, sarua jeung ngibing anu kudu nincak kana wirahma. Sareundeuk saigel teh apan kudu aya dina bener. Lamun nogéncang bisi katelah cul dogdog tinggal igel.
Ngadago-dago waktu sangkan ujang bisa balik ka lembur, tapi geuning léngkah kalah beuki jauh. Bari ujang ayeuna teu bisa balik sorangan da rumasa teu nyaho jalan. Bongan tadina lunta sakaparan-paran. Ujang teh sono ka ema, hayang ngagéléhé dina lahunan ema. Sono disaliksik bari diusapan sirah. Rido ujang digalendut ku ema. Da ema mah céréwéd ogé kawantu ku nyaah. Ujang henteu ngarasa nyeri hate basa ku ema rada digetrik. Ujang lain pundung atawa ngarasa ditundung basa miang rebun-rebun. Mémang teu ngabibisani rada teu genah haté basa disapirakeun ku si Ranggé nu huntuna ranggéténg. Loba diléléwé ku papada babaturan cenah ujang téh anak bawang. Tara kabawa jadi balad lamun keur waktuna aya raraméan di lembur. Ngan ka ema ujang bisa nepikeun sagala karungsing haté. Ngan ka ema ujang bisa percaya. Ayeuna jauh ti ema, beuki karasa nu nyaah ka ujang téh ngan ema.
Lamun ditengetan anu gemet, hirup ujang téh ayeuna teu bisa leupas tina kadali nu séjén. Ujang kudu nurut dititah diituh-étah, cukup ku pangenyed jeung panyeprét. Lamun ujang dongko bari ngahormat ka nu ngariung di hiji tempat, saréréa emprak atoh ningali ujang boga kasopanan. Lamun ujang solat, nu nempo oge ngarasa reueus. Nu seuri ager-ageran, silih tunjuk silih sigeung jeung nu deukeut, bari metakeun naon-naon anu bieu dilakukeun ku ujang. Teu ieuh ngarasa éra atawa sieun nyigeung parasaan. Da anggapan maranéhna ujang mah teu boga rasa, teu boga kaera. Ema ujang teh pan matak pinter kana sagala oge pédah ujang boga rasa. Ngan nu ngabédakeun téh tina basa. Ujang teu bisa kedal ucap ngébréhkeun rasa. Ngan ukur ku réngkak pari polah.
Ujang kudu séhat tur nunjukkeun karumasa ku rasa senang. Motah bari bisa nunjukkeun rasa bagja pikeun jalma réa. Ujang kadang-kadang maké kedok atawa topi keur nyumputkeun cimata nu ngagarendang. Leuwih loba cimata nu kateureuy nu nyelek kana angen. Leuwih loba deui getih anu teu dipirosea ku kasarakahan manusa. Ema, tingali suku ujang ayeuna manjangan, teu petekel. Nu biasana leumpang égang atawa ngagégag ayeuna kudu perténtang. Luncat kana motor ngabiur ka tengah jalan sabot lampu setopan beureum teu ieuh jadi matak diudag polisi. Ujang, anak ema, ayeuna gagah. Aya éta gé hayang mantuan polisi nartibkeun jalan raya, atawa mantuan amang-amang tukang parkir, prat-prit niup piriwit. Leuh, hésé ema, da biwir ujang rubak, inggis piriwit kateureuy.
Poe ieu ujang téh ngarasa capé ema. Da jeung enyana atuh, ujang mah teu bisa barang dahar balakecrakan siga batur. Dahar nungguan sapaméréna. Ti poé ka poé, kadaharan nu aya ngan éta-étana, ukur cau jeung kacang suuk. Dina waktuna ujang capé hayang saré, tetep kudu barang gawé, kapaksa dilakonan, daripada kudu nandangan lapar diparak pada ngantep. Malah sakapeung mah ujang sok diceprét. Ujang rumasa ema, hirup kudu bisa muhapékeun diri. Manakitu ogé geus nasib ujang nu kuat. Nasib nu moal bisa dirobah deui da geus kitu kakuduanana.
Ema ulah geruh lamun engké ema nyaho naon pagawéan ujang di kota. Bisi ema nandang wiwirang. Ujang mah ngan hiji cita-cita hayang bisa nyenangkeun ema. Lamun ema aya di dieu, meureun ema bakal ceurik balilihan ningali ujang pada nanggap, ningali ujang kudu papanasan di parapatan, di lampu setopan. Teu saeutik jelema nu ngarasa kahibur ku kalakuan ujang ema, bari sung-song méré duit kana dudukuy nu dikurilingkeun ku ujang. Ujang tetep inget kana papagah ema, ulah ngahinakeun diri hayang dipikarunya ku deungeun. Hirup kudu daék usaha sorangan. Tapi nya kitu téa, ceuk ujang ogé ema ulah nyeri haté ningali kaayaan ujang ayeuna.
Nincak aspal dina morérétna panon poé kacida panasna. Da ujang mah teu bisa disendal. Baju mah bisa ganti unggal poé kadang-kadang mah sok hayang teu dibaju ujang mah lah. Sok asa riged awak ari bajuna buni teuing teh. Hayang jiga di lembur wé ku ema mah tara digarah-geureuh teu dibaju sabot hareudang atawa najan salawasna ogé. Ujang kudu apal waktu iraha kudu ngahibur nu ngaliwat di jalan. Da geuning sanajan aya lampu setopan, anu teu tartib mah angger aya. Ujang kudu ati-ati ema. Sabenerna ujang ogé sieun atuh nénjo mobil, motor pasulibreng siga nyiruan, teu eureun-eureun. Singsuliwer siga siraru onaman gancang ngaberikna bari ngeunah didahar. Ku éngang mah apan matak buncunur.
Tah ema ulah jadi leutik haté, lamun engké ema apal naon pagawéan ujang. Ujang ngadogér ema. Ujang jadi dogér. Ulah sedih nya ema, ujang geus ngawiwirang ema. Pan ceuk ema oge turunan ema mah cadu kudu daék hirup dina pangawasa deungeun. Sabab lamun hirup geus aya dina kakawasaan batur bakal hésé ngalepaskeun diri, bakal hésé néang kabagjaan diri. Nyaan, bener pisan caritaan ema, ayeuna kabuktikeun pisan ku ujang.
Ayeuna ujang geus sawawa, geus bisa ningali kalawan écés ka sasama. Aya cawéné nu siga ema, ujang resep ka manéhna. Tapi nya kitu téa deui bae. Ujang teu bisa kumaha. Da itu ogé ngan bisa aprek-aprekkan, hésé padeukeut jeung ujang, ukur bisa silih rérét ti kajauhan, kadang-kadang mah semu anu ngelétan. Ari keur waktuna mareng mah. Ujang jeung si nyai teh sok babarengan. Malah sok pada ngalejokeun ujang kudu ngarayu si nyai di hareupeun jelema loba, niru-niru kumaha carana nyium lebah embun-embunan. Tapi da si nyai mah wanteran, biwirna teu sirikna manyun, nyosor hayang dicium ku ujang. Aduh, ema lain genah pada ngalalajoan mah. Jauh pisan tinu disebut mesra. Pada nyurakan, diayeuh-ayeuh téh si nyai mah sok kalahka ngahajakeun. Ngagieut-gieut bujur nampeu hareupeun beungeut ujang, ema. Ujang mah sok éra parada, ripuh nyumputkeun beungeut ema lamun kudu aya adegan hot jeung si nyai di sisi jalan. Eta da si nyai mah boga kamonésan make kudu mukakeun seléting atawa nyingsatkeun erokna bari tutunjuk kana palangkakan sagala.
Padahal ujang mah hayang kitu-kieu jeung si nyai teh lain dinu nembrak. Hayang dinu buni. Malar karasa nikmatna. Ujang moal milih-milih rupa, mindah-mindah rasa. Da geuning sagala rupa nu aya di si nyai sarupa jeung ema. Ngan bedana teh si nyai mah leuwih wantér, jeung siga rada teu boga kaéra. Make papakéan bur-bér, diréndaan, ditarétés benang emas, reunceum ku kangkalung jeung gelang, beubeur beureum dirantéan. Béda sotéh meureun pédah gaul di kota.
Naon bedana atuh ema, ujang oge boga kahayang hirup tingtrim dina laki-rabi. Ulah hayoh waé dipeleter kudu ngusahakeun hirup maranéhna ku kaparigelan ujang jeung si nyai. Ujang hayang indit ti dieu ema, kabur mawa si nyai. Ujang hayang balik ka lembur urang anu liuh ku tatangkalan. Ujang arék nyieun tempat anu buni keur si nyai sina jongjon ngurus anak. Ujang bakal jadi bapa. Ujang mah moal siga bapa ujang anu cruk-crék waé kawin, anak reuay bari embung ngurus. Ujang moal nganyerikeun haté si nyai.
Ujang ukur bisa ngusap dada basa si nyai éjégélér ménta dikawin ku si Rojér. Da éta cenah kairut ku imut kanjut si manéhna. Nu matak dingaranan si Rojér ogé pédah tukang ngarojér beurang peuting, teu kaopan si eta mah. Nempo ban dirojér, nempo tihang listrik ogé hayoh dirojér, malah hayam ogé diudag-udag arek dirojér. Nu matak nyeri haté mah lain pédah si nyai geus embung deui ka ujang, ema. Geuning si nyai mah ongkoh ngomong rék micinta ka ujang saumur hirup tapi sulaya tina jangjina. Malah ka ujang teu kungsi megatkeun duriat ku kecap putus, ujang ukur bati jumerit dina ati, ningali si nyai dirojér ku si Rojér diriung-riung ku jelema réa. Maranéhna surak ayeuh-ayeuhan nenjo si nyai tipepereket nangkeup ka si Rojér. Atuh si Rojér ogé mani asa pangaingna.
Enya Ema jodo mah jorok. Si nyai abong kudu dikersakeun ngajodo jeung ujang. Manéhna datang bari aluman-alimen, nyéléndé bari jeung ogo. Si nyai ménta dihampura téh ku sikep, celepot deui celepot deui nyium kana mata, kana irung bari ngusapan sirah ujang. Teu sirikna nyontrolan, ngongsog menta dipikarunya. Si nyai téh meleg-meleg geus nganyerikeun hate ujang tapi naha bet teu riuk-riuk ngarasa salah. Geus payah dikeureuyeuh ku si Rojer hayoh ayeuna menta ditulungan ku ujang ema. Hayang balik deui ka ujang bari beuteung gundal-gendol mawa anak haram ti si Rojer. Si Rojer mah da najan kasebutna jago kana ngarojer tapi teu boga niat hayang ngabagjakeun si nyai. Ukur pupulur saméméh mantun. Ukur hayang méak-méak karep ka si nyai satungtung suka. Ninggang mangsa nénjo pisenangeun aya dina awak deungeun mah si nyai ditokér bari teu dirérét deui. Geuning estuning anjing belang, anjing hideung, estuning teu melang, teu nineung.
Ujang teu bisa kumaha. Teu wasa ningali nu lungas-lengis bari bureuyeung bulan alaeun. Rasa ngéwa éléh ku rasa nyaah. Meureun duriat téa ngaranna. Si nyai dihiap, sina reureuh. Mana kitu oge si nyai teh geus sadar ngan ujang nu haat miduli ka manéhna ku rasa nyaah jeung rasa heman. Ngan ujang nu bisa dijadikeun tempat panyalindungan anu aman keur manéhna. Nyaan, teu beunang disisilihkeun rasa deudeuh ujang ka si nyai teh lain jijieunan.
Ema, ujang ayeuna gering nangtung ngalanglayung. Mikiran kumaha carana sangkan bisa indit ti ieu tempat. Mawa si nyai balik ka lembur saméméh brol si utun inji. Rék nanya, nanya ka saha. Rék ménta tulung ogé teu bisa. Euweuh batur pakumaha sangkan laksana. Bati karunya nempo si nyai nu ngadadak lungguh, teu pati ponyo kana barang dahar. Awakna geus robah nu tadina lenggik camperenik jadi bukekeng. Suku bareuh, mata celong. Sorot mata siga nu pupus pangharepan. Panonna nu biasana hérang ngagenyas, jadi reueuk ku piceurikeun. Pagawéan si nyai ngan huleng jentul, ngahintul teu bisa ditalék.
Jodo, pati, bagja, cilaka pan geus aya nu nangtukeun ema. Jodo ujang ka si nyai geus ditangtukeun ku nasib. Saha nu nyaho soal pati ema? Ujang bati olohok mata simeuteun basa nempo waruga si nyai geus ngababatang, létahna ngélél kajiret ku ranté nu mangkék dina beuheungna. Matana nu sok biasa dulak-dilak, ayeuna buncelik. Moal boa si nyai téh milu mikiran hayang indit ti ieu tempat nepi ka pondok pangharepan ngeurad beuheung ku beubeur nu biasa dipake dina cangkengna. Lamun enya teh..eumh, tada teuing nyerina kudu nemahan pati ku cara kitu. Nyai.., Nyai.., naha bet luluasan?!
Hayang balik ujang teh ema. Sono ka ema!

FIKMINSUNDA

Neangan Bapa

Nurmi leumpang nuturkeun indung suku, ngetrokan unggal lawang. Nyalabarkeun orok beureum dina aisan. Saban amprok jeung lalaki, leungeunna nunjuk “Tuh itu bapa hidep teh Geulis”, ka orok bari ngok deui ngok deui nyium. Burilak panonna mureleng ka tukang beca. “Keun siah Haji, ulah mikiran kami, bae teuing moal ngaku anak oge!”, cuih ! cuih ! Nurmi nyiduhan nu keur nundutan dina becana. Atuh tukang beca tibuburanjat. Ngamang-ngamang batu ganjel beca, bari haben kukulutus. “Sia mah baku ari geus ngaganggu kanikmatan batur teh. Indit!”. Nurmi teu nolih nu kutuk gendeng. Noyod ka kulonkeun. Mulung topo nu nyangsang dina jarian, dibungkuskeun ka orok minangka bedong. Orok teu empes-empes dikitu-kieu. “Antosan di dieu nya Nung, Ema bade milari Bapa hidep”, Nurmi kokoreh kana pangruntahan. Sabot jongjon, teu katohyan aya anjing ngaletakan bedongan. Bangusna ungas-ingus, giwiwing orok digusur, leungeun orok lepas sabeulah. Teu sakara-kara Nurmi ngoceak. Ceurik ngageunggeuik. Kokosehan dina taneuh bari ngais boneka euweuh leungeunan.

Diruang Kerepes

Keur ngahuhuleng gigireun salaki neangan piobroleun, hape nu ngagoler dina meja kareret ngalinceus. Rek dicokot, kaburu kapiheulaan ku salaki. Sms dibuka, dibaca digerendengkeun,”Geulis, damang? Tepang yu, tos teu kiat yeuh sonooo..”, manehna ngagerendeng deui pasti kieu waleranna ceuk manehna deui “ Sami sonooo…Mangga, di mana?” Hape ngaburicak deui, balesan ti ditu. “Di antos di tempat anu biasa tea nya, da bageur”. Kuring ngabetem. Hape nu hiji deui nirilit. Salaki rikat miheulaan. Sarua maca sms digerendengkeun siga tadi. “Sayang gi apa? Kangen! Ketemu yuk! Tempat biasa ya, setengah jam lagi yaaa…muach!” Salaki ngutek-ngutek jempolna kana hape. Tah nu ieu mah diwalerna kieu we nya, ngomongna kalem pisan. “Sip..sip…oke!”. Kuring teu bisa kumaha. Hape duanana pageuh dikeukeuweuk ku salaki. Ayeuna meureun bakal pasea gede teh. Jadi perang dunia teh, atawa bisa jadi kiamat ngadadak. Salaki ngojengkang ka pipir imah, kuring nuturkeun bari nginghak. Lombang nu kakara menang ngagali semet 3 meteran ku manehna diilikan. Ana belewer teh hape duanana dibalangkeun kana picublukeun. Doran pacul nu ngajentul sisi lombang diambatkeun. Taneuh urug saharita. Kuring olohok mata simeuteun. Untung ngan ukur hape. Kumaha mun sirah sorangan nu diruang kerepes. Duh ieung!

Malati

Amil geus mungkas talqin. Nu nganteur hiji-hiji mulang. Kolot budak mawa citangis nu dipengkek jeroeun dada. Aya tujuh urang nu nyesa, ngeluk di gigireun tetengger. Silih leret, pada-pada hayang tenget, kabeh ngarasa teu wanoh. Disidik-sidik ti kaanggangan, sihoreng nu tujuhan teh, batur sakola jaman keur TK,SD, SMP, SMA, S1,S2, nu saurang deui mah batur sakantor. Aneh! Kuring bisa ngadenge gerentes hatena. Lalaki nu kahiji batur sakola waktu di TK, geuning meni kaleleban. Ceuk hatena, ti leuleutik ngan hiji wanoja nu pangdipikacintana, Malati. Nu kadua batur sakola keur di SD, hatena galecok manglebarkeun anu miheulaan mulang. Lebar ku geulisna, lebar ku bageurna. Moal aya nu someah jeung nyaahan siga Malati. Malati nu tetep nyambuang seungit dina dasaring ati. Ukur bisa neuteup ti kajauhan, da kapiheulaan aya nu mipit. Nu limaan oge sarua, pada-pada neundeun hate. Nganggap Malati pupujaning ati. Rada nenggang ti pajaratan, salaki Malati keur dipapag kunu dicindung kayas, popotonganna mangsa kuliah. Geleber kuring eunteup dina tangkal samoja. Kuring, Malati. Hiks!

Nadran

Di dieu pangrereban panungtung. Lawang mulang ka kalanggengan. Tutas bajoang guyang getih, toh pati jiwa katut raga. Indung minangka batara landung kandungan, batari laẽr aisan. Ridolillah bẽlapati keur nu jadi buah ati. Nandonkeun nyawa sangkan anak tinemu bagja. Basa si utun inji bijil. Orok ngagoar, indung ngerelep bẽakeun hẽgak.Clak! Cimata hẽrang ngagenyas ngeclak kana tutunggul. Cai kembang dikucurkeun kana taneuh beureum, pendeman waruga indung. Moal aya bentang jasa, moal aya upacara. Nu aya ukur cimata sarta du’a nu nganteng taya kendatna. Kuring ngaheruk, cumalimba.

Cue*

Weugah ka pasar tĕh ku bĕcĕkna jeung sok sering nyasab. Sakali mangsa kapaksa kudu balanja. Geus boga langgan, matuh meuli daging hayam ti ibu Anis urang Ciamis. Resep ku darĕhdĕhna. Gigireun tukang hayam aya tukang cuĕ. Karĕrĕt nu dagangna kasĕp, papakĕan beresih. Payusna pamulu siga kitu mah mahasiswa atawa pagawĕ kantoran. Resep kanu dagangna, jadi resep meulina. Antukna, mĕh unggal poĕ ka pasar niat meuli cuĕ. Ti poĕ ka poĕ, deungeun sangu nu ngajagrag dina mĕja teh cuĕ jeung cuĕ taya towongna. Ngirim cuĕ pamahugi ka mitoha. Salaki tepi ka weureu ngadahar cuĕ. Tatangga kabĕh kabagi, dipapay unggal suhunan. Ucing nu aya di lembur lalintuh diparab cuĕ. Lila-lila kuring bingung. Kudu ka saha deui ngabagi cuĕ? Laaah deuih aing mah!!!

*cue= pindang/ecot

Setatsion

Teu kaitung cakra paragpag dina almenak. Sataun landung cacap nganti-nganti. Jul-jol nu datang. Nu didagoan can tembong baé. Kareta pulang anting dina batin ngagujes taya reureuhna. Rél ngembat ngantengkeun asih nu salawasna manjang ti geter ka geter. Eundeur jajantung ku haung hatong nu ngageunggeuik. Sinyal ngajulangit beurat ku kasono. Babantal reuteum ku kamelang. Palangsiang nu anggang teu bisa nohonan jangji. Dina simpé, haté leutik humandeuar, beuki lila beuki ngoncrang laju kedal teu kaampeuh. “Kieu-kieu teuing mah disusul siah ka Bandung!”, ceuk stasion Ciamis bari babatek bakating ku cangkeul.

Puter Giling

Dituyun, nyalingker ka tukangeun tangkal kiara. Klek! Konci dilelepkeun kana liangna. Ngusey. Diungkedkeun saeutik, Cetrék! Langsung nyekés. Hirup! Geuleuyeung maju. Ngoper gigi, ngadius ninggalkeun lembur, meulah poékna peuting. Ngan édas beuki tarik, beuki nyemprung jalan nu kaliwat bet éta kénéh. Anjog deui ka tempat mimiti indit. Haben bulak-balik, nguriling taya tungtungna. Teu bisa eureun. Balébat mimiti tembong. Langit ray-rayan pias, beungeutna nambahan sepa. Adan subuh geus kaliwat. Brak! Neunggar tangkal kiara. Mecleng tina motor. Ngudupung. Geutih ngaley tina irung. Nu sila mendeko, ngeureunkeun muihna curuk.

Babandul Timba

Nimba teu kaur laju. Aya nu ngabangingik. Luak-lieuk taya sasaha. “Kedah kumaha deui nya kumawula? Manah rangsak balas ngémutan salira.” Nu midangdam beuki rosa. “Sawios abdi nu janten tumbalna. Rumaos kitu kedahna. Duuuh… teu pisan- pisan badé mungkir kana papastén diri.” Beuki panasaran, hayang nyaho ti mana datangna sora. Hing deui ceurik balilihan, “Abong kéna aya paribasa babon kapurba ku jago! Ieuuung…hiks!”. Murengked bari hayang lumpat. Suku teu bisa obah. Lah, kagok asong, ngawani-wanikeun manéh. Cicing. Simpé. “Cekap dugi ka dieu, permiooos..!” Guprak! Sorolok, babandul timba miheulaan émbér…Byurrr!

Kuda Lumping

Télététét…télététét…tétééttt!!! Dongkeung..dongkeung…!!! Tarompét nérétét, kendang ngungkung, lagu Kiser Bojong ningkat kana Kembang Beureum. Soléh nangtung di tengah pakalangan. Luk, tungkul. Leungeun hatur sembah. Mang Juma mapatkeun jampé. Ngajiad. Ngambat arwah sangkan miraga sukma. Soléh peureum. Puah!!! Mang Juma ngabura. Beungeut Soléh lamokot, biwir kekerot, awak ngagidir. Bray panonna beunta, beureum siga siki saga. Sirah mimiti édég, unggat-unggut nuturkeun sora goong. Kendang nihtir. Soléh ngaréngkénék, nguriling nunggang kuda, ngulincer dina kotakan garing. Seuseukeut taneuh bengkah nojosan dampal suku. Soléh méndéléng. Sirah déngdék, suku totokér. Beretek lumpat ngudag nu dibaju beureum. Nu lalajo paburiak. Tukang és buru-buru nyingkir. Budak leutik ngocéak, tuluy ngenyot susu, nyumput dina aisan indungna. Kuda dihiap deui ka tengah pakalangan. Diasongan nyiru eusi jukut, gabah, katut beling. Soléh rampus. Parab béak saharita. Nyambung nginum dina émbér. “Geus teu sakola deui baé budak téh!”, kuring mencrong bangku kosong di juru kelas.

BIANTARA

SASTRA LOKAL DALAM PERDAGANGAN BEBAS
Oleh Agus Nasihin

I. PENDAHULUAN

Sebagian masyarakat Indonesia akhir-akhir ini sedang dilanda keresahan gara-gara diberlakukannya ACFTA (perdagangan bebas antara ASEAN dan Cina). Kejadian yang hampir serupa sebenarnya pernah terjadi pada tahun 2002, yaitu dengan diberlakukannya AFTA (perdagangan bebas di kawasan ASEAN). Sepuluh tahun kemudian, yaitu 2020 kita akan memasuki perdagangan bebas di negara Asia-Pasifik (APEC). Mungkinkah sepuluh tahun kemudian kita akan bertemu lagi dengan keresahan yang makin parah. Dalam pergaulan perdagangan bebas, kita selalu melihatnya dari kaca mata “ancaman” bukan kaca mata “tantangan” atau “peluang”.

Peristiwa di atas sebenarnya telah diingatkan sejak lama dengan istilah yang sekarang mungkin sudah sangat basi, yaitu globalisasi. Ketika menyebut kata globalisasi, mau tidak mau kita harus melirik ke belakang, yaitu nasionalisasi dan lokalisasi. Sebelum munculnya globalisasi, tahun 30-an telah muncul gagasan Sutan Takdir Alisyahbana tentang orientasi ke Barat. Kemudian, penentangan muncul dari Sanusi Pane yang menganjurkan untuk memadukan antara Barat dan Timur. Demikian pula dengan dr. Soetomo atau Ki Hajar Dewantoro, menganjurkan kembali ke khazanah kebudayaan Indonesia.

Lantas apa hubungan antara perdagangan bebas, globalisasi dengan sastra lokal? Globalisasi sendiri lebih mengarah pada masalah perekonomian (perdagangan). Akan tetapi, urusan ekonomi-perdagangan tidak berdiri sendiri, seperti yang dapat kita lihat pada masa lalu. Bangsa Arab, Gujarat, Portugis, atau Belanda ketika berniaga ke Nusantara tidak bisa dilepaskan dari pengaruh budaya (termasuk di dalamnya bahasa-sastra). Pada masa kini rombongan-rombongan seni melakukan pertunjukan di luar negeri sebagai bagian dari promosi kebudayaan Indonesia dan produk-produk dagangan. Dengan demikian, dalam pergaulan global, produk lokal merupakan “komoditas” yang memiliki nilai tinggi dengan berbagai derivasinya.

II. SASTRA LOKAL – NASIONAL – GLOBAL

Istilah sastra lokal dapat dipadankan dengan sastra daerah. Dalam pengertian yang luas sastra lokal dapat mencakup karya (bentuk, isi, dan bahasa) maupun sastrawan yang mengusung identitas kedaerahannya. Dari pengertian yang luas tersebut dapat ditarik beberapa hal:

1. Sastra lokal adalah sastra tradisional yang muncul sebelum adanya pengaruh Barat. Dari segi bentuk dikenal mantra, pantun, gurindam, syair, bakaba, hikayat, cerita panji. Dari segi isi berkaitan dengan masalah-masalah lokal (masyarakat sekitar atau sekitar istana). Dari segi bahasa, menggunakan bahasa daerah setempat. Demikian pula sastrawannya adalah orang yang lahir atau tinggal di daerah tersebut.
2. Sastra lokal adalah sastra modern (setelah mendapat pengaruh Barat) ditulis dengan bahasa daerah setempat. Contoh jenis ini adalah puisi-puisi atau cerpen/novel yang ditulis dalam bahasa daerah setempat.
3. Sastra lokal adalah sastra modern yang ditulis menggunakan bahasa Indonesia, tetapi mengusung isu-isu kedaerahan.

Sementara itu, sastra nasional diartikan sebagai sintesis dari sastra lokal atau karya sastra yang menggunakan bahasa Indonesia. Sedangkan sastra global lebih dikenal sebagai sastra universal, seperti yang didengungkan oleh Chairil Anwar dan para seniman Gelanggang yang menyatakan sebagai ”ahli waris kebudayaan dunia”. Orientasi sastra universal ini lebih pada semangat untuk dapat bergaul menembus sekat-sekat daerah dan nasional, sementara dalam pengucapannya masih menggunakan bahasa Indonesia.

III. KONVENSI SEBAGAI TRADISI DAN INOVASI SEBAGAI MODERN

Konvensi merupakan pedoman atau anutan dari kelompok masyarakat (tradisional). Pelanggaran terhadap konvensi berarti pelanggaran terhadap tradisi. Akan tetapi, dalam dunia kesusastraan, seperti yang diungkapkan oleh Teeuw, bahwa sastra berada di antara konvensi dan inovasi. Karya sastra kapan pun ditulis tidak mungkin lahir dari situasi kekosongan budaya (Teeuw, 1983: 63). Dengan demikian, karya sastra Indonesia atau nasional memiliki pijakan yang kuat dalam karya sastra tradisional atau daerah karena sastrawan Indonesia lahir dari multikulturalisme.

Inovasi sendiri merupakan bentuk lain dari proses pemodernan. Pemodernan adalah suatu proses yang tak terelakan akibat perkembangan proses komunikasi yang semakin terbuka. Pergaulan dengan sastra Barat telah melahirkan transformasi. Walaupun demikian, upaya pemertahanan identitas kelokalan semakin hari semakin dirasakan amat penting, muncullah sastrawan-sastrawan yang mempertimbangkan tradisi dalam karya-karyanya, seperti Sutardji dengan puisi-puisi mantranya atau Darmanto Jatman dengan menumpangtindihkan kosakata Jawa dengan kosakata bahasa Indonesia dalam puisi-puisinya. Taufik Ismail, misalnya membuat puisi yang berjudul:
“Gurindam Satu”
Secoret parafku memancarkan komisi seratus juta.
Bertahun-tahun begitu sampai mataku buta.

Atau Agus R. Sardjono menulis puisi yang berjudul:
”Pantun Latihan”
Kuterbarkan remah roti
di taman kota Amsterdam bersalju
Beribu-ribu burung merpati
berbondong-bondong menyerbu
Kutebarkan remah makanan
di taman kota Jakarta terik siang
Beribu gelandangan dan anak jalanan
Serempak datang menerjang

Karya-karya fiksii yang bermuatan warna lokal pun banyak kita temukan, misalnya, ”Warisan” karya Chairul Harun, ”Bako” karya Darman Munir, ”Upacara” karya Korie Layun Rampan, ”Pengakuan Pariyem” karya Linus Suryadi, ”Ronggeng Dukuh Paruk” karya Ahmad Tohari. Bahkan yang sering mendapatkan penghargaan adalah karya-karya semacam ini, seperti karya Sihar Ramses Simatupang ”Bulan Lebam di Danau Toba” meraih penghargaan Khatulistiwa Award.

Upaya-upaya untuk mengangkat karya-karya lokal juga datang dari pribadi-pribadi para sastrawan daerah yang ingin menunjukkan eksistensinya. Bahkan Ajip Rosidi secara periodik memberikan penghargaan Rancage bagi karya-karya sastra terbaik yang berbahasa Sunda, Jawa, dan Bali. Sayangnya, hal ini belum banyak didukung oleh pemerintah-pemerintah daerah. Bentuk lain untuk menjaga eksistensi sastra lokal ini adalah dengan adanya media lokal berbahasa daerah. Sayangnya juga media-media semacam ini hidupnya kembang kempis karena tidak banyak dibeli oleh masyarakat.

IV. SASTRA LOKAL DALAM PENGAJARAN SASTRA

Apresiasi sastra di kalangan siswa bahkan di kalangan mahasiswa bahasa dan sastra Indonesia pun masih terus dikeluhkan. Hal ini sangat erat berkaitan dengan belum terbentuknya budaya baca di kalangan siswa/mahasiswa (serta guru). Kalaupun mereka membaca, lebih tertarik pada bacaan sastra populer yang biasanya lebih banyak mengedepankan persoalan metropolitan yang dangkal.

Sementara itu, banyak karya sastra yang mengedepankan warna lokal belum menjadi perhatian siswa/mahasiswa. Hal ini terjadi karena, salah satunya, tidak ada peran guru untuk menginformasikan atau menugasi mereka untuk membaca karya-karya sastra yang mengusung kelokalan tersebut. Bagaimana mungkin guru dapat menginformasikan atau menugasi, dirinya sendiri tidak membacanya.

Dalam KTSP guru dan sekolah diberi peluang untuk membuat silabus, kurikulum, dan indikator-indikatornya sendiri. Di sana, tidak ada keharusan menggunakan kurikulum tertentu beserta sejumlah daftar bukunya yang juga tertentu. Dalam hal ini, prinsip fleksibilitas memberi keleluasaan bagi guru untuk menambah jumlah jam pelajaran per minggu sesuai kebutuhan. Di sana, diizinkan pula memasukkan muatan lokal sebagai bahan pelajaran yang disesuaikan dengan situasi dan kondisi setempat.

Bagi sebagian guru (mungkin sebagian besarnya) adanya kebebasan dalam mengembangkan materi ini justru membuat kelimpungan. Mereka tidak mau sedikit berusaha untuk mencari referensi, membacanya, dan merumuskan materi yang dikembangkannya sendiri. Kendala lain yang mungkin akan menyulitkan pelaksanaan KTSP adalah masih adanya penyelenggaraan Ujian Nasional. Keberhasilan guru mengajar sering diukur oleh keberhasilan siswa lulus UN.

Jika kondisi-kondisi di atas sedikit-demi sedikit dapat diubah dengan memperbaiki sistem, mungkin pengajaran sastra (nasional dan lokal) dapat berkembang dengan baik. Model sertifikasi guru dengan menuntut profesionalisme guru harus tecermin dari banyaknya membaca dan kemampuan menulis. Demikian pula dengan ujian nasional yang tidak lagi menjadi satu-satunya kriteria kelulusan serta perbaikan model soal akan mengarah kepada peningkatan apresiasi sastra siswa. Dengan demikian, para siswa di daerahnya masing-masing dapat mengenal karya sastra dan sastrawan daerahnya. Dialog pun perlu digagas dan dilaksanakan antara siswa dan para sastrawan daerah. Guru-guru bahasa dan sastra bisa langsung menghadirkan sastrawan daerah di kelas-kelasnya untuk menggali proses kreatif mereka.

DAFTAR PUSTAKA
Esten, Mursal. 1990. Tradisi dan Modernitas dalam Sandiwara. Jakarta: Intermasa.
Hoed, Benny H. 2008. Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya UI.
Nurgiyantoro, Burhan. 1998. Transformasi Unsur Pewayangan. Yogyakarta: UGM.
Sweeney, Amin, dkk. 2007. Keindonesiaan dan Kemelayuan dalam Sastra. Depok: Dasantara.
Teeuw, A. 1983. Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia.
Wahyudi, Ibnu, dkk. 1990. Konstelasi Sastra. Depok: Fakultas Sastra UI.

*Disampaikan pada Simposium Sastra Lokal dalam Perspektif Pendidikan, 21 Januari 2010

SIHIRNASIHIN

IQRA

Pengembaraanku berakhir di kamar ini
ketika mendengar tangisan pertamamu
yang menuntut kelelakianku
Apa yang akan kau titipkan padaku
malam yang sunyi, pagi yang kabut, atau luka yang perih
Iqra!
Bukit-bukit yang sepi telah lama merindukan gema
akankah kau isi dengan suara tangismu
daun-daun yang kering meminta hujan dari matamu
dan ombak yang gelisah memohon dekapan tanganmu

CINTA DALAM SECANGKIR KOPI

Secangkir kopi yang kauhidangkan itu
terlalu manis
tapi
dari buihnya kutemukan cinta
dari asapnya kulihat cinta
dari aromanya kucium cinta
maka
yang kuminum itu bukan segelas kopi
tapi segenap cinta
dan kunikmati kopi itu
bersama dedaknya karena di sana
masih mengendap cinta

CINTA DALAM SAKU CELANA

Setiap kupulang kerja
cinta kusimpan dalam saku celana
dan kau lupa tak mengeluarkannya
Dalam rendaman cucian
cinta bercampur noda
Ketika air rendaman kau buang
cinta pun hanyut ke selokan
dan engkau tak sempat memungutnya
dan engkau mendengar bisikan
celana yang hendak kau gantung di jemuran
“Tak perlu risau
karena ia masih banyak menyimpan
cinta untukmu”

MAAFKAN MATAHATIKU

Maafkan aku MATAHATIKU karena mataku
tidak hati-hati dalam memandang hati
sehingga membuatmu sakit hati
Maafkan aku MATAHATIKU sebab aku
selalu online dalam hatinya

MAAFKAN KASIH

Maafkan aku KASIH jika ada
orang selain dirimu yang
menganggap aku kekasih sebab
kaupun tahu aku lelaki pengasih

MAAFKAN SAYANG

Maafkan aku SAYANG karena aku
mengatakan ”sayang” kepada wanita
selain dirimu sebab katamu kita harus
hidup saling menyayang

MAAFKAN BUKU

Maafkan aku BUKU
karena kau ragukan kesetiaanku
padamu

SENGATAN SENYUMMU

apa yang harus aku dahulukan
mengingat senyum manismu
atau rekening listrik
yang belum ku bayar

SELAMAT PAGI SAYANG

”selamat pagi!”
maaf tanpa kutambahkan kata ”sayang”
sebab itu milik selamat malam

KETIKA

Ketika kutulis puisi ini engkau sedang
tidur dan mungkin bermimpi buruk
Ketika engkau bangun dan mungkin
bergairah menyambut hangat pagi
aku sudah menghapus puisi ini

SEDANG TIDAK JATUH CINTA

kuistirahatkan sajak ini sejenak
sebab aku sedang tidak jatuh cinta

JIKA INI SAJAK

Jika ini sajak
Inilah sajak yang paling ikhlas
Huruf demi hurufnya berserah
untuk kaususun menjadi apa saja

CATATAN PENGEMBARA

di sini kita bertemu
di shelter peristirahatan
kamu mencubit pahaku
seperti ingin membuktikan
bahwa ini bukan de javu
dan aku bertanya dalam hati
apakah kita pernah menjadi
sepasang kekasih?
kita adalah pengembara
kehidupan kita adalah pencarian
oase kita adalah diam sejenak
takdir kita adalah perjumpaan
dan perpisahan

PUISI YANG MUNGKIN TERAKHIR

Setiap kutulis puisi
yakinlah bahwa ini
puisi terakhir untukmu

DONGENGKAHOT

BAPA KURING LAIN KUMINIS
Aan Merdéka Permana

PIKEUN ka sakitu kalina, Bapa mulih pasosonten. Pameunteuna pias sareng kucel. Ampir babandingan sareng kucelna map anu dikékélék. Bari semu muyungkung anjeunna unggah kana golodog. Rekét palupuh katincak ku sapasang sapatu kulit anu barolong témbong ramo. Kepluk map anu ampir ilang warna téh satengah dialungkeun kana luhureun méja. Bareng jeung éta, Bapa ogé ngabeubeutkeun salirana kana korsi hoé. Atuh suku korsi sabeulah déngdék méh ngarempeyek.

Bapa ngarénghap panjang, ditungtungan ku ngarahuh lungsé. Lageday nyangsaya kana panyarandéan lir nu séépeun tanaga. Kituna mah pantes, da Bapa téh rebun-rebun kénéh angkatna ogé. Mulihna panonpoé geus tunggang gunung, malah ampir reupreupan. Bangunna téh, nya capé nya hanaang, nya lapar.

“Cai, Nyai ...” saurna. Sorangan mah bieu geus cengkat mantén méméh Bapa sasauran gé. Kolotrak nyokot gelas tina pago. Néngténgkeun kendi, geus kitu gelekgek caina minuhan gelas.

Katémbong Bapa kalintang nimatna ngaleueut cai tina kendi téh. Ngahuleng baé atosna mah. Siga-siga ukur sakedapan longsongna manah téh. Buktina ari gelas geus saat mah, pameunteuna ngungun deui.

“Nyai, kaluar baé atuh sakola téh ...” saurna antaré. Jep sajongjongan jempling.

Jandéla kapohoan can dipeundeutkeun. Tapi tina jandéla anu ngeblak, ti jauhna kaawaskeun aya kapinis anu hayang eunteup kana liang-liang témbok gedong toko hareupeun. Saban rék nyulusup saban ngajol kaluar da ditojér ku sasamana nu keur nyelegon dina cowak témbok. Ngan kitu jeung kitu baé, nepikeun ka tungtungna mah, éta kapinis téh lir pegat pangharepan. Manéh hiber ngajauhan, teuing indit ka mendi. Kuring mindahkeun paneuteup, ngarérét ka Bapa anu masih kénéh nyangsaya.

“Hampura, Bapa téh teu sanggup mertahankeun kahirupan maranéh, geuning ...” saurna ngangken kana perkara jajatén anu kasoran.
“Saban kantoran jeung pabrik ku Bapa dipapay diasupan. Kalolobaan mah teu nampa pagawé anyar. Aya ogé anu naksir kana tanaga Bapa, bet hayang kumplit susuratanana. Rata-rata meredih ayana surat kelakuan baik jeung bébas G-30-S. Tungtungna, Bapa téh jadi bingung ...” saur Bapa ngangluh.

“Teu kedah janten bingung, saupami ti kapungkur Bapa ngéléhan ka abdi mah,” témbal kuring. Dikitukeun téh, anjeunna mah teu masihan koméntar nanaon.
“Ti kapungkur ogé, abdi mah tos sadrah ngécagkeun sakola. Malih sanés baé duméh Bapa tos teu kiat nyubadanan. Langkung ti éta abdi hoyong ngiring nanjeurkeun rumah-tangga urang. Abdi hoyong didamel. Keun abdi teu junun, manawi pun adi nu dua mah tiasa kabanjel-banjel tina hasil abdi didamel ...”

“Nyaéta tadina mah cita-cita luhur. Hayang ngangkat darajat anak, ulah katurug-katutuh. Keur mah nasib Bapa kieu, atuh ulah-ulah maranéh ...” saur Bapa ngalengis.”Tadina mah Bapa téh embung nénjo maranéh barodo. Bapa buktina, korban tina kabodoan téh, kieu buktina ...

“Bapa ...”
“Heueuh. Padahal rarasan mah Bapa téh teu salah. Teu jahat, teu nista. Tapi naha atuh hukuman ti masarakat mani parna kieu?”
“Atos Bapa ...”

Bapa mah bieu ukur ngarahuh jeung ngarasula. Tapi ari kuring mah maké gubrag cimata sagala. Cimata teuing anu kasabaraha kalina sabab asa euih-euihna nasib goréng anu tumiba téh. Bapa cengkat muru pangkéng. Kakupingna mah nuju mukakeun téténong. Atuh sorangan gancang cengkat muru anjeunna.

“Hapunten Bapa, nuju ngagigihan kénéh ...” cekéng téh basa Bapa marios boboko.
“Sangu anu tadi énjing-énjing, ditaruang ku Yuyu sareng Didin,” ceuk kuring bari gura-giru muru panci anu keur nagen dina kompor.

“Heueuh keun. Tapi adi-adi manéh ka marana?”
“Nuju ngaos di Al Ikhlas. Ké sakedap,” ceuk kuring bari ngojéngkang mariksa gigihan.

Gigihan digulah-goléh, geus rada saat terus dijait, dipindahkeun kana langseng anu geus ditagenkeun.

“Geuning manéh Nyai boga sangueun, ti mana?”
Sakedapan mah ngahuleng heula. Tapi Bapa jiga anu surti da buktina katawis ruménghap.

“Nu mana deui?”
“Raksukan abdi ...” némbalan téh ririh da embung kakuping ku Bapa.

“Éra Bapa téh ku Si Jenat, heueuh biang manéh. Boa ti kaanggangan ngajejeléh Bapa ...”
“Ah, ulah nyarios kitu. Nu penting ayeuna urang masih kénéh tiasa mertahankeun hirup. Dodoja. Tapi piraku urang téh kieu sateterasanana, Bapa ...” cekéng téh ngahurun balung dina jojodog.

Dur, bedug magrib kadéngé ti jauhna. Bapa ngucap sukur. Saparantos kitu lebet ka kamar ucal-ucul. Muru sumur tukangeun beberesih. Tos saged gentos raksukan, muru masjid kidul. Kari nyorangan baé ngahintul nyanghareupan kompor. Kuring mah teu solat da keur aya gangguan.
Kuring mah sok digelendeng mun kuring loba ngalamun téh. Mun teu keur aya gangguan, Bapa teu resepeun mun trung kohkol kuring jeung adi-adi léléda teu muru pangsalatan téh. Saur Bapa, urang mah ti baheula gé turunan santri. Dipahing léléda dina urusan mangadep ka Pangéran. Saréréa narurut. Ti bareto ti keur aya Ema kituna téh. Atuh angot waktu tos taya Ema, saréréa beuki saruhud nyubadanan kawajiban solat lima waktu, malah dirajinan ku rupa-rupa solat sunat.

Ema katut Bapa téh tukang laleket ibadah. Batal jeung haram kacida dijagana. Atuh kuring gé loba kapangaruhan, milu nyantri. Éta wé sakalina babaturan lalaki tual-toél, kuring langsung jejebris.”Pamali, lain muhrim!” ceuk kuring.
“Ih, kampungan!” ceuk barudak lalaki da meureun polah kuring béda ti barudak awéwé séjénna.

Ah, teuing atuh. Da éta sagala gé mangrupa amanah kolot. Saur Ema, muslim mah kudu apal kana watesan hirup, utamana hubungan antara awéwé jeung lalaki.
“Ulah kokomoan gaul, utamana jeung lalaki, satungtung acan muhrim mah,” saur Ema jeung Bapa.

Sakitu apik jeung talitina piwuruk Bapa dina bagbagan agama. Sangkan kuring jeung adi-adi nu jadi kaulinan téh ukur agama, atuh harita Bapa kolu muka pangaosan keur barudak di imah. Sakitu pagegelek da imah sacangkéwok, tapi Bapa rajin ngumpulkeun barudak tatangga sina diajar ngaji. Dibélaan ngulub sampeu ngulub hui sangkan barudak getol ngaji téh, jajauheun maké kudu mayar mah.
Ceuk kuring, kurang kumaha Bapa bajoang nanjeurkeun agama Alloh tapi hasilna ... kalahka dituding kuminis!
Kuminis! Nista jeung taya rasrasan. Nu nudingna lain si itu lain si éta tapi Pamaréntah pisan. Ari ucap-ucap Pamaréntah mah pan digugu jeung dianggap bener. Nu matak waktu Pamaréntah nuduh yén Bapa téh golongan kuminis, atuh sakumha jalma samiuk nuding kitu, Tatangga nuding kitu, tempat digawé nuding kitu. Kabéh curiga, kabéh sieun, auh Bapa dijauhan, diasingkeun tina pergaulan.

“Ah, da ari kuminis mah réa akal réa ékol. Geuning semboyan gerakanana ogé: untuk mencapai tujuan, gerakan apa saja boléh dilakukan. Jadi teu mustahil dina perjoanganana, kuminis ogé bisa nyiliwuri asup kana lingkungan agama!” ceuk sawatara inohong masarakat di lembur.

Harita, welasan taun ka tukang, pajah Bapa téh ampir dirogahala jeung diarah pati, lain ku batur tapi ku tatangga dareukeut wé. Mun teu ditulungan disumputkeun ku Bapa RK mah. Bapa RK (ayeuna mah disebutna RW) kalintang wijaksana. Cenah sanajan enya Bapa kabaud kana gerakan kuminis tapi da lain anggota aktip teu ilubiung langsung milu makar.

“Ulah kejem sagenahna ngarogahala jalma anu dituding jahat. Sabab lamun urang sarua kejemna jiga kuminis, atuh naon anu ngabédakeun antara maranéhna jeung urang téh?” saur Bapa RK harita.

Enya kalintang wijaksanana Bapa RK harita. Saur Bapa, mun Bapa RK teu sanggup nerangkeun kadudukan sacara jejem, nasib Bapa duka kumaha. Sabab dina jaman harita, sawaktu ceuk Pamaréntah PKI (Partai Komunis Indonésia) kabokér jadi ulon-ulon kakacowan, kaasup dituding nu tanggung-jawab malastrakeun jénderal anu tujuh, sakumna jalma anu dituding anggota PKI mah, digeredus, dibeberik, dipaténi, sarua kejemna jiga urang kuminis ngageredus lawan pulitikna. Da éta baé ceuk béja, rébuan urang kuminis digalusur, dipeuncitan, bugangna dipalidkeun ka walungan atawa diruang dina lombang runtah.
Harita Bapa weléh teu ngartoseun, naha anjeunna maké disamarutkleun jeung kuminis anu cenah anti Tuhan? Pan Bapa téh guru ngaji, pan Bapa téh larbek tukang di masjid. Tapi da kitu geuning panuding téh, yén perjoangan kuminis ngahalalkeun sagala cara, kaasup cenah nyulundup dina kagiatan masjid. Jadi ka Bapa gé tetep nudingna mah kitu.
Bapa téh padamel DKA (Djawatan Keréta Api, robah jadi PNKA, ayeuna PT.KAI). Teu pira pancénna mah ukur jadi bansower, nyaéta tukang mariksa rél KA saméméh karéta ngaliwat. Didamelna abot kacida, tanggel-walerna ogé abot kacida. Teu beurang teu peuting, teu panas éréng-éréngan teu hujan angin dordar Upahna teu sabaraha da puguh ukur lulusan SR. Satutasna geletuk kajadian 30 Séptémber 1965, Bapa dionclah ti padamelan kalawan teu hormat, teu dipangsiun atawa naon nu nelahna pasanggon. Cul kitu baé. Dosana mah, duméh nami Bapa aya kacatet dina daftar anggota Serikat Buruh Keréta Api. Naon aktivitas Bapa dina éta serikat? Ah, Bapa gé teu apaleun da malah mah teu daftar-daftar acan. Sabab harita mah, saban pagawé leutik ujug-ujug jadi anggota serikat buruh wé, dikumkeun kitu baé teu ditalék daék atawa henteuna. Malah waktu ditalék dina interogasi, Bapa langkung seueur ngabigeu batan némbalan da puguh badé némbalan naon da sagala teu apal.

“Ema, ogé Nyai, demi Allah, Bapa mah teu boga dosa nanaon. Rarasaan mah salila ieu Bapa teu kungsi codéka, méngpar tina bebeneran agama, komo make aakuanan jadi anggota kuminis anu teu tarima kana agama mah, baid Nyai, baid!” saur Bapa susumpahan. Kuring harita keur SD, teu ngarti naon anu harita ku Bapa dicarioskeun.

Perkara Bapa téh jadi manjang. Teu cukup ku dionclah ti DKA, sabab saterusna jadi urusan. Saban waktu idek-liher ka Koramil, ka désa ka kacamatan. Enya kudu lapor. Geus kitu wajib milu penataran P-4, wajib milu ceramah agama. Ngan anu paling ngenes mah ku pangupajiwa, sabab ti dikaluarkeunana ti DKA, Bapa teu ngalaman cepeng damel deui. Keur mah ti jaman Bapa didamel gé hirup téh seuseut seuat, ayeuna ngaligeuh pisan, atuh ékonomi téh beuki ngagejrét baé. Tong boro hayang paké hayang imah pageuh, dalah nyubadanan dahar sapopoé gé reremenna mah puasa lain waktuna.

Kangenes séjénna anu matak ngagejrétkeun Bapa salaku manusa, nyaéta dijauhan ku lingkungan. Nu tadina nyobat jeung Bapa, ti sanggeus éta kajadian mah jadi ngajauhan. Dulur-dulur gé kitu beuki ngajarauhan da sieun kababawa. Anu paling kasiksa, nyaéta sawaktos Bapa dipahing janten pangurus DKM sareng dipahing ngawulang pangaosan. Bapa teu dipercanten ngamumulé agama Alloh. Gusti, aya ku kacida hukuman kanggo pun bapa!

Kuring gé sarua kasiksa. Di sakola babaturan jadi béda, para guru pon kitu deui. Basa rék daptar ka SPG seuseutna lain bobohongan sabab sagala ditanyakeun. Basa aya skrening, kuring nampa pananya anu matak tugenah kana haté: “Di mana saudara berada ketika terjadinya G-30-S/PKI? Mani sababaraha balikan nanya kitu téh. Mun aya jawaban anu teu cocog jeung jawaban saméméhna, panalék dibalikan deui. Sedih aya hayang seuri aya, sabab mun kudu dibalakakeun waktu geletuk kajadian téh saur bapa umur kuring acan jangkep lima taun lima taun acan.

Ari Ema gawéna ngan ririwit. Atuh katurug-katutuh ku perkara Bapa, panyawat Ema ogé tambih parna, tepikeun ka ngantunkeunana pisan. Méméh tilar Ema amanah cenah jual tanah jeung imah di lembur jang neruskeun pangupajiwa. Banda ngan saésé dijual, atuh ti harita kuring sakulawarga geus teu cicing di lembur bali geusan ngajadi deui da geus teu boga tempat jang cicing. Ongkoh deuih nu disebut teu boga tempat jang cicing téh lain duméh imah geus dijual baé tapi ogé lantaran urang lembur geus teu ngajénan kuring katut Bapa. Ti harita pindah baé ka kota, ngajauhan jalma-jalma anu kungsi ngéwa ka Bapa.

Ngan kitu geuning, sanajan kota téh jiga anu loba méré harepan tapi jang Bapa anu dituding geus hianat ka nagara mah, bisa disebutkeun katutup pisan rejeki téh. Ayeuna kari kuring anu kudu jadi gaganti Bapa néangan kipayah. Kakara poé ieu Bapa nyatujuan kuring ihtiar. Malah jiga-jiga Baa ayeuna mah anu maréntah sangkan kuring nyiar kipayah.

Kulutrak panto dapur muka. Lol mastaka Bapa. Kacaangan ku cempor, angger pameunteuna mah ngungun.
“Sakitu geus lila kajadianana, angger wé hukuman keur Bapa mah teu dicabut,” saur Bapa geus ngangluh deui baé.
Kuring ukur cicing da geus ngajudi perkara naon ieu téh.
“Heueuh ku harianeun, teu beunang diképés-képés, angger baé geugeuleuh téh nyéblokan urang ...” saurna deui.
“Naon téa Bapa?” kuring tumanya sakadar ulah diantep teuing.
“Heueuh urut pimitohaeun manéh. Geus lawas kapan ka Palémbang. Bieu panggih deui di masjid. Minangka uluk salam téh cenah, geuning geus insap Mang Satim. Manéhna ngucap sukur duméh Bapa ayeuna idek-liher di masjid teu poho kana salat. Kitu cenah ...” saur Bapa.
Kuring ngeluk tungkul.

“Ari pék téh ditempas ku Ustad Oman. Cenah, enya urang saréréa kudu ngucap sukur kana kamurahan Pangéran sabab geus bisa nginsapkeun jalma-jalma anu kungsi méngpar tina bebeneran. Ceuk Ustad Oman anu kakara tilu taun di dieu, cenah élingna Bapa daék deui ngalanto ka masjid téh mangrupa anugrah Gusti Allah ka umatNa. Meureun manéhna mah teu apal, Bapa harita téh ngelol ka masjid téh apanan alatan diusir-usir ku ahli masjid séjénna da bisi ngotoran amparan sajadah ...” saur Bapa mélaan manéh

Kuring terus ngeluk. Bener saur Bapa, cocobi téh teras-terasan tumiba. Lain baé ka Bapa dalah ka kuring, boa ka adi-adi nu dua, haben baé dicehcer.

Karasa nyérését waktos Bapa nguningakeun pimitohaeun. Bet ras ka Kang Tatang. Enya dua taun ka tukang Kang Tatang ngalalanyah hayang ngeunteupan haté kuring. Ceuk Bapa engké heula montong waka rumah tangga sabab sakola kudu junun. Kang Tatang gé sabar nungguan. Tapi méméh bangblas kana cita-cita, jurig “kuminis” ngahihileudan. Sanggeus nyaho kasang-tukang Bapa, Kang Tatang ditarik mundur ku kolot-kolotna. Cenah ulah meunangkeun turunan kuminis bisi kababawa ririweuhna.

Teu ngabibisani, sabab Kang Tatang téh jadi pulisi. Lamun rék rumah-tangga, kulawarga calon pamajikan kudu diskrening, kudu dijujut kasang-tukang riwayat hirupna. Mun kapanggih aya patalina jeung kuminis, moal diidinan ku kesatuan. Mun aya nu nyebutkeun yén pulitik téh kejem, keur kuring sadirieun mah percaya pisan.

“Bapa, iraha atuh sasarengan milari padamelan téh? Keun baé sakola mah isuk-pagéto gé babari dikantunkeun. Ku saminggu teu sakola gé pasti bakal dikaluarkeun,” ceuk kuring mindahkeun paguneman.

Ayeuna giliran Bapa anu ngahuleng.

“Salajengna, perkawis sumujud ka Alloh, sawios atuh di bumi wé, teu kedah di masjid. Panginten Alloh gé Maha Uninga, tempat kanggo salat mah di mana baé gé diwenangkeun asal beresih,” ceuk kuring deui.

Bapa neuteup kuring, kuring gé neuteup pameunteuna. Bapa, yén Bapa jalmi beresih teu gaduh codéka, teu sawios tos cekap mung diangken ku kuring gé. Tong maksa-maksa hoyong aya kapercantenan ti batur, ceuk haté.

ALEWOH

Copyright © Yanti Agus 2012 - All right reserved
Template design by Agus Nasihin

/* Google Analytics */ var _gaq = _gaq || []; _gaq.push(['_setAccount', 'UA-28960832-1']); _gaq.push(['_trackPageview']); (function() { var ga = document.createElement('script'); ga.type = 'text/javascript'; ga.async = true; ga.src = ('https:' == document.location.protocol ? 'https://ssl' : 'http://www') + '.google-analytics.com/ga.js'; var s = document.getElementsByTagName('script')[0]; s.parentNode.insertBefore(ga, s); })();